Ticker

6/recent/ticker-posts

Uar Babad Karajaan Sumedanglarang Nu Hibar di Karaton Kutamaya

Uar Babad Karajaan Sumedanglarang Nu Hibar di Karaton Kutamaya




Disusun Ku :

Dedi E Kusmayadi, BE

Bidang Sejarah, Penelusuran Kepurbalakalaan, Situs, Makam dan Sejarah Dalam Rangka Sadar Budaya, Sadar Wisata, Penguatan Kelembagaan Paguyuban Seni dan Budaya Di Kecamatan Sumedang Utara Kabupaten Sumedang

Nohoman Para Sesepuh Kanggo Acara 

Uar Babad Karajaan Sumedang Larang nu Hibar di Karaton Sumedanglarang 
waktosna : 21 Nopember 2018
Di Desa Padasuka


Sampurasun…

Hapunten ka para sesepuh sareng kasadayana sateuacanna
bilih aya saur nu teu ka ukur reka basa nu pasalia, 
laku lampah nu teu merenah, 
teda sih hapunten tina samudaya kalepatan basa.

Hana nguni hana mangke

tan hana nguni tan hana mangke
aya ma beuheula aya tu ayeuna
hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna
hana tunggak hana watang
tan hana tunggak tan hana watang
hana ma tunggulna aya tu catangna.

Hanteu Hindu lain Buda

jeung hanteu saukur Sunda susundaan
Nyaring pikir hudang rasa
ngaping kahayang kaéling
dihibaran ku kasadaran
amparna sabar dharana jembar permana

Lain munjung muja ka batu

muji mupusti nu lain misti
tapi Munjung kanu Maha Agung
Muji kanu Maha Suci
Muja kanu Maha Kawasa
dibarengan Pancer tunggal kayakinan

Sanés munjung ka batu, muja kanu padung.

Sanés nyembah kana Ka’bah, munjung Kanu Maha Agung,
Nyembah Kanu Maha Kawasa Hyang Murbahing Jagat Raya Rabbul’alamiin.

Runtuyan geutih moal bisa robah, Runtuyan elmu pangaweruh seuweu-siwi bisa robah-robah.

Tutunggul simbul elmu luluhur kapungkur,  

Lain sumbuh-sembah kana Batu, tapi simbul-siloka ditunda dina Tutunggul, hartikeuneun anak-incu tapak lacak karuhun mukakeun tutungkusan nu geus lawas di teundeun di handeuleum sieumkeun, di tunda di hanjuang siangkeun, Papat Kalima Pancer, Elmuna Masagi, Teteg-Panceg, Sa-Aji, Sa-Pangarti dina Enggoning Ngabdi Ka Gusti Nu Maha Suci, Sampurna Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal.


Rahayu Dina Nata Manggalana (cageurna), Yudhamangglana (benerna), Hastamanggalana (bageurna), Suramanggalana (pinterna) dina Tangtungan Insun Medalna


Al Faatihah,  ka kangjeng Rosul sareng para sohabatna, ka para malaikat, ka para nabi sareng rosul, ka para waliyullooh, ka laluhur Sumedang sadayana kitu oge ka muslimin wal muslimat.



1. Mandala Karajaan Kendan Cikal Bakal Raja-Raja Galuh
Upama ditelaah cikal bakal raja-raja Galuh, numutkeun Pustaka Raja Nusantara, umumna dikenal tina kapanditaan sareng kasalehan na dina nyepeng “Tetekon agama jeung darigama”. Hal eta teu heran ku margi sajarah luluhur pendiri Galuh ngawitanna ti Kendan, nyaeta “Resiguru Manikmaya” nanging sanes Manikmaya nu aya dina kisah pawayangan, nami aslina Resiguru Manikmaya nyaeta Prabu Abhi Sanja Wirahwarman.   Prabu Abhi Sanja Wirahwarman (Prabu Manikmaya)  berkuasa di Kendan antara 458 taun  Saka (536 M) dugi 490 taun Saka (568 M).


Atsar (Patilasan) Prabu Abhi Sanja Wirahwarman (Prabu Manikmaya) 
di Puncak Raja Kendan Di Gunung Sanghyang Anjung 1061 Mdpl


Kakuasaanna di Kendan dikenginkeunn saatos nikah sareng putri Maharaja Suryawarman, raja Tarumanagara. Ku kitu wajar  saupami dina carita rakyat sakitar Galuh, kapamihakan ka raja-raja anu sholeh (minandhita), langkung dihormati tibatan raja-raja nu mung nguruskeun tahta. Sedengkeun wilayah Galuh sorangan langkung dikenal ku sebutan Parahyangan (Parahyang).

Sacara turun tinurun kakawasaan Kendan diteraskeun, digentos ku putrana Sang Suraliman Sakti, dina 490 Saka (568 M).  Sang Suraliman Sakti, mahir dina widang peperangan sareng Senapati Panglima Tarumanagara, dugi digelaran Baladhika ning widyabala.  Sang Suraliman Sakti janten Panguasa  di Kendan salami 29 taun  (568-597 M). Salajengna digentos ku putrana nyaeta Kandiawan bin Rajaputra Suraliman Sakti atawa Rahiyangta ri Medangjati  atawa Rajaresi Dewaraja (597-612 M)

Beda jeung ramana, Sang Kandiawan langkung dikenal sabab hirupna minandita, anu digelaran Rajaresi Dewaraja.  Seteuacan ngagentos ramana, Kandhiawan janten raja daerah di Medang Jati atau Medang Gana, anu digelaran Rahyangta ri Medang Jati.  Sahingga nalika diistrenan janten raja Kendan, Kandiawan posisi karatonna teu di Kendan, tapi tumetep di Medang Jati. 

Kandiawan kagungan putra lima dan ngajadikeun pala putrana janten panguasa daerah nu aya di wilayah Kendan,  nyaeta Mangukuhan di kuli-kuli, Karungkalah di Surawulan, Katungmaralah di Peles Awi, Sandangreba di Rawunglangit jeung Wretikandayun di Daerah Menir. Sang Kandiawan ngarajaan di tahta Kendan salami 15 tahun, ti ngawitan taun 597 Saka (612 M), nu ahirna dina ngejagkeun kalungguhanna anjeunna ngamuniaraja sunyi (ngaresyi) di Layuwatang (Kuningan).


2. Karajaan Galuh jeung Pamarentahanna
Sang Kandiawan, ramana Sang Wretikandayun, janten raja Kendan mung salami 15 tahun (597 - 612 M). Sang Kandiawan digelaran Rahiyangta Dewaraja, sareng nalika ngajalankeun hirupna sabagai rajaresi, Sang Kandiawan digelaran Rahiyangta di Medang jati atanapi langkung dikenal namina Sang Layu Watang, kumargi Sang Kandiawan nu ngadamel Sanghyang Watang Ageung.

Wretikandayun dinobatkeun janten raja Kendan ngagentos ramana dina 23 Maret 612 M, dina yuswa 21 tahun. Tahta diistrenkeun ka putra bungsuna nyaeta ka Wretikandayun dumasar elmu kamampuan dina widang tata kelola wilayah Patanjala (Tata Kelola Wilayah 5 Pola Kasundaan atawa Panca Kucika) sareng strategi pangamanan Nagara langkung punjul ti batan raka-rakana. Dina Carita Parahyangan katimu carita yen Wretikandayun (Sang Suradarma) langkung unggul dina Lomba menombak Kebo Wulan.

Nalika saatos janten raja Wretikandayun teu posisi karaton teu di Kendan atawa di Medang Jati, sareng heunteu oge di Menir. Wretikandayun ngadarikeun pusat pamarentahanna (ibukota) anyar, nu di namian Galuh (batu permata). 


Nalika tahta karajaan Tarumanagara jatuh ka Sri Maharaja Tarusbawa ti Sundasambawa, dina taun 669 M, minantu raja panungtungan Raja Tarumanagara, nyaeta Linggawarman salajengna ngadirikeun Kerajaan Sunda, Maharaja Sang Wretikandayun nu waktu eta yuswana 78 tahun teras ngamerdekakeun diri ti wilayah Tarumanagara, anu salajengna di bagi 2 karajaaan Sunda jeung Karajaan Galuh, nu batesna Walungan Citarum. 

Sri Maharaja Tarusbawa ngawasaan  di wilayah kulon Walungan Citarum, sedengkeun Maharaja Suradarma Sang Wretikandayun di wilayah Wetan. Ku kituna taun 669 M, dianggap mimitina Karajaan Galuh nu mandiri.

Sang Wretikandayun ngawasaan di Kerajaan Galuh dina taun 534 - 592 Saka (612/613
 - 670/671 Masehi), lamina 58 taun, sabagai raja wilayah di bawah karajaan Tarumanagara. 

Dina taun 592 - 624 Saka (670/671 - 702/703 Masehi), salami 32 taun janten raja Kerajaan Galuh nu merdeka. Dina Carita Parahiyangan ditegeskeun Kerajaan Galuh didirikeun ku Sang Wretikandayun, Prabu Wretikandayun ngawasa salami 90 taun.

Raja Wretikandayun nyaeta Raja mimiti atawa Kahiji di Karajaan Galuh nu marentah di Karajaan Galuh anu digelaran Maharaja Suradarma Jayaprakosa ti taun 612 Masehi dugi 702 Masehi ngalanjutkeun tina Karajaan Kendan anu dibawah pamarentahan kerajaan Tarumanagara. 

Maharaja Suradarma Wretikandayun ngamerdekakan Karajaan Galuh, dina masa Sri Maharaja Tarusbawa taun 670 ngaganti nama Tarumanagara janten Karajaan Sunda satutasna narima tahta Karajaan Tarumanagara dina taun 669 M, ti mertuana, raja Tarumanagara panungtungan nyaeta Linggawarman (666 - 669 M).

Wretikandayun putra Raja Kandiawan putra Raja Putra Suraliman putra Raja Maha Guru Manikmaya. Wretikandayun (nalika masik budak keneh namina sang Amara), Raden Daniswara (dani = munding) lahir 513 Caka (619 Masehi), usiana 21 – 111 tahun. 

Tina garis ibu, buyutna raja Maharesiguru Manikmaya nyaeta minantu Maharaja Suryawarman, panguasa ka 7 Tarumanagara (535-561 M), nu nikah ka Dewi Tirtakancana, putrina Mahararaja Suryawarman.

Garwana Wretikandayun nyaeta Dewi Manawati (nami nuju alitna) atanapi Manakasih atanapi Pwahaci Bungatak Mangale-ngale (nami masa rumaja) digelaran Prameswari Déwi Candrarasmi putrina Resi Makandria. Tina patikahanna kagungan putra tilu, nyaeta :

1. Sang Jatmika, Rahyang Sempakwaja, Resiguru di Galunggung, lahir 542 C (639 M)
2. Sang Jantaka, Rahyang Kidul, Rahyang Wanayasa, Resiguru di Denuh (ayeuna leubeut wilayah Kampung Daracana, Desa Cikuya, kecamatan Culamega, Tasikmalaya Selatan), lahir 544 C (641 M).
3. Sang Jalantara, Rahyang Mandiminyak, putra mahkota Kerajaan Galuh, lahir 546 C (643 M). 

Ngagayuh ka kolotna Wretikendayun (Sang Suradharma)  lengser tina kaprabonan, karajaan teu diwariskeun ka Sempakwaja atawa Jatnaka,  kumargi Sempakwaja waosna Semplak jeung Jantaka kagungan panyawat turun berod,  ku kituna aranjeunna teu lulus tina kriteria pamimpin dina hal  penerusan tahta Karatuan Galuh anu didahup ku para Resyi sareng wakil wilayah Karamaan (Tri Tangtu Di Buana : Ratu – Resyi – Rama). Sajabana deui ngistrenan Mandiminyak jadi Pamangku Karajaan Galuh Pakwan.  Sempakwaja jeung Jatnaka lunta ti karaton nentep di Gunung Agung anu sok disebut Gunung Galunggung (Wilayah Karesyian jeung Karamaan). 

Prabu Wretikandayun/Suradharma dina  wafat tahun 702 M dina yuswa 111 taun. Satutasna Prabu Suradharna / Wretikandayun ngantunkeun, tahta Galuh diserahkeun ka Mandiminyak, putra bungsuna.  Dina catatan sajarah Mandiminyak disebut-sebut kagungan dua putra, nyaeta Bratasenawa / Sena jeung Sanaha. 

Bratasenawa atanapi Sena putrana Mandiminyak tina perselingkuhana dengan Rabbabu, istrina Sempakwaja.  Sanaha putrana Mandiminyak ti garwana Parwati,  putri pasangan Kortika Jasinga jeung Ratu Sima.  Lajeng Brata Senawa / Sena jeung Sanaha (dulur sabapa), nikah teras puputra nyaeta Sanjaya.

Sateuacan janten Raja Galuh, Mandiminyak sareng garwana dina taun 695 M tos janten panguasa di Mataram Kuno, pecahan ti Kalingga.  Mandiminyak, saatos pupus digentos ku Bratasenawa/Sena  (709 M), putrana Mandiminyak ti Rabbabu. Peristiwa kalahiran Sena di Galuh di anggap aib gede. Pikeun ngaredam suasana anu panas  Prabu Wretikandayun kapaksa kudu misahkeun Mandiminyak ti Galuh jeung ngawinkeun ka putri ti kerajaan Kalingga.

Cuplikanana aya dina Carita Parahyangan :
Carek Rahiang Sempakwaja : "Rababu jig indit. Ku sia bikeun eta budak ka Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah sia, Sang Salahlampah."
Rababu tuluy leumpang ka Galuh.
"Aing dititah ku Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing tea."
Carek Rahiangtang Mandiminyak : "Anak aing maneh teh, Sang Salah?"
Carek Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun kana jambangan. Geus kitu bawa kategalan!"
Di bawa ku patih ka tegalan, Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-kila nepi ka awang-awang. Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak
"Patih teang deui teundeun sia nu aya budakna tea!"
Ku patih diteang ka tegalan, ka sampak hirup keneh. Terus dibawa ka hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena.

Prabu Wretikendayun surti kana sikep sulung jeung panengah, ngaleos ti karaton boga rasa dianak-terekeun. Pikeun ngubaran hatena Semplak Waja dijodokeun jeung kakasih Wulandari atawa nu sok disebut Rababu, putri Raja Awangga (Kuningan). 

Jatnaka dijodokeun ka Putri upeti kakasih Dewi Sawitri, putri Raja Sunda anu netepna di tutugan Gunung Galunggung ngalahirkeun Arya Bimaraksa. Dirororok ti orok, diasuh ti lelembut, diais diampih diatik ku pirang elmu panemu jeung jampe pamake, ngajanggelek jadi nonoman leber wawanen. 

Sanggeus manjing umur Arya Bimaraksa dijodokeun ka putrina Purbasora nyaeta Dewi Komalasari anu dinu "Kitab Waruga Jagat" mah, disebatna Ratu Komara, umur Arya Bimaraksa geseh sakedik jeung mertuana Purbasora nyaeta putra Semplakwaja ti garwa Wulandari.


3. Parebutan Tahta Ka Hiji di Galuh di Masa Purbasora

Beja ngemat ti karaton Galuh yen Prabu Mandiminyak lengser ka prabon, tuluy ngistrenanan Bratasenawa jadi Pamangku Karajaan Galuh. Sempakwaja jeung Purbasora ngarasa teu panuju lantaran Bratasenawa (Senna) jeneng Prabu, lantaran lahir ka dunya buah salingkuh Prabu Mandiminyak jeung Wulandari garwana

Carita ieu nu sering teu aya tina alurna dadasar para keturunan Wretikandayun lainna, nyaeta Purbasora sareng Arya Bimaraksa ngalakukeun kudeta kakawasaan ka Bratasenawa, nu masih kulawargana keneh, hal disababkeun tina dua alesan, nyaeta : 

Kahiji, katurunan Sempakwaja nyaeta Purbasora, ngarasa leuwih hak ngagantikeun tahta  Galuh ti Wretikendayun, dumasar Sempakwaja putra cikal (pangageungna) ti Wretikandayun. Sedeungkeun Arya Bimaraksa, putrana Jantaka minantu ti Purbasora ti Istrina Dewi Komalasari (Ratu Komara), wajar upami Arya Bimarksa ngamihak Purbasora.

Kadua, disebabkeun ku asal-usul kelahiran Sena jeung prilaku Mandiminyak nu dianggap teu lajim ku katurunan Wretikandayun nu lainna. Prilaku nu nyimpang ieu, dina sajarah raja-raja tatar sunda sering dicap kurang hade. 

Salain tina eta, ditinggal tina kisah kasajarahan Galuh nu didirikeun ku para resi, aranjeuna langkung mihormat raja-raja nu marandhita. Di dieu aya pesan moral nu kakait dina masalah (bibit, bobit, bebet) ti Sempakwaja. Kualatan kitu Purbasora mepek wadya balad Galunggung pikeun ngarugrugkeun karaton Galuh, kalayan diwuwuh ku wadya balad Arya Bimaraksa.

Wadya balad Arya Bimaraksa ngagabung jeung Wadya balad Purbasora ngarugrugkeun karaton Galuh. Perang campuh kajadian, Brata Senawa/Sena lolos ti karaton netep di Kalingga Utara. Sanggeus Purbasora ngarebut Galuh diistrenan jadi Pamangku Karajaan Galuh Pakwan, teras ngistrenan Arya Bimaraksa jadi Patih Galuh gelar Patih Galuh Pakwan.

Dina carita nu beredar di luar Galuh, Brata Senawa / Sena memang dikenal jalma nu alim ngan kurang kenging sambutan di lingkungan keluarga Galuh, diantarana disebabkeun sarsilah kalahiran kaluhurna. Kakurang nyamanan lingkungan Galuh nyulut pemberontakan ka Sang Sena, sahingga dina taun 716 M, Prabu Brata Senawa/Sena dijatuhkeun tina takhtana, anu dipimpin Purbasora.

Kaberhasilan Purbasora tangtuna teu tiasa dipisahkeun tina peranan Demunawan sareng Bimaraksa. Arya Bimaraksa nu mimpin pasukan bhayangkara jeung bala bantuan ti Indraprahasta (karajaanna posisina di Cirebon Girang). Arya Bimaraksa dikenal senapati anu ulung dina maenkeun sagala jenis senjata jeung ahli dina widang strategi peperangan. Ngingetkeun peranan Arya Bimaraksa nu gede dina ngagulingkeun kakawasaan Sena/Bratasenawa. Ahirna Purbasora ngangkat jadi senapati unggulan sakaligus Mahapatih Galuh.

Carita Parahyangan nyaritakeun hal suksesi di Karajaan Galuh :
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang Purbasora. Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga anak Rakean Jambri. Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun.

Kaberpihakanna Arya Bimaraksa sareng Prabu Demunawan ka  Purbasora pikeun legitimatasi dina gerakan pambarontakan Purbasora, yen tilu katurunan Wretikandayun mianggap ka katurunan Wretikandayun lainna nyaeta Sang Sena, nu dianggap teu syah nguasai tahta karaton Galuh. Ti dieu ngawitan carita sumebarna (Epos Ki Balagantrang)

3. Parebutan Tahta Ka Hiji di Galuh di Masa Purbasora

Beja ngemat ti karaton Galuh yen Prabu Mandiminyak lengser ka prabon, tuluy ngistrenanan Bratasenawa jadi Pamangku Karajaan Galuh. Sempakwaja jeung Purbasora ngarasa teu panuju lantaran Bratasenawa (Senna) jeneng Prabu, lantaran lahir ka dunya buah salingkuh Prabu Mandiminyak jeung Wulandari garwana

Carita ieu nu sering teu aya tina alurna dadasar para keturunan Wretikandayun lainna, nyaeta Purbasora sareng Arya Bimaraksa ngalakukeun kudeta kakawasaan ka Bratasenawa, nu masih kulawargana keneh, hal disababkeun tina dua alesan, nyaeta : 

Kahiji, katurunan Sempakwaja nyaeta Purbasora, ngarasa leuwih hak ngagantikeun tahta  Galuh ti Wretikendayun, dumasar Sempakwaja putra cikal (pangageungna) ti Wretikandayun. Sedeungkeun Arya Bimaraksa, putrana Jantaka minantu ti Purbasora ti Istrina Dewi Komalasari (Ratu Komara), wajar upami Arya Bimarksa ngamihak Purbasora.

Kadua, disebabkeun ku asal-usul kelahiran Sena jeung prilaku Mandiminyak nu dianggap teu lajim ku katurunan Wretikandayun nu lainna. Prilaku nu nyimpang ieu, dina sajarah raja-raja tatar sunda sering dicap kurang hade. 

Salain tina eta, ditinggal tina kisah kasajarahan Galuh nu didirikeun ku para resi, aranjeuna langkung mihormat raja-raja nu marandhita. Di dieu aya pesan moral nu kakait dina masalah (bibit, bobit, bebet) ti Sempakwaja. Kualatan kitu Purbasora mepek wadya balad Galunggung pikeun ngarugrugkeun karaton Galuh, kalayan diwuwuh ku wadya balad Arya Bimaraksa.

Wadya balad Arya Bimaraksa ngagabung jeung Wadya balad Purbasora ngarugrugkeun karaton Galuh. Perang campuh kajadian, Brata Senawa/Sena lolos ti karaton netep di Kalingga Utara. Sanggeus Purbasora ngarebut Galuh diistrenan jadi Pamangku Karajaan Galuh Pakwan, teras ngistrenan Arya Bimaraksa jadi Patih Galuh gelar Patih Galuh Pakwan.

Dina carita nu beredar di luar Galuh, Brata Senawa / Sena memang dikenal jalma nu alim ngan kurang kenging sambutan di lingkungan keluarga Galuh, diantarana disebabkeun sarsilah kalahiran kaluhurna. Kakurang nyamanan lingkungan Galuh nyulut pemberontakan ka Sang Sena, sahingga dina taun 716 M, Prabu Brata Senawa/Sena dijatuhkeun tina takhtana, anu dipimpin Purbasora.

Kaberhasilan Purbasora tangtuna teu tiasa dipisahkeun tina peranan Demunawan sareng Bimaraksa. Arya Bimaraksa nu mimpin pasukan bhayangkara jeung bala bantuan ti Indraprahasta (karajaanna posisina di Cirebon Girang). Arya Bimaraksa dikenal senapati anu ulung dina maenkeun sagala jenis senjata jeung ahli dina widang strategi peperangan. Ngingetkeun peranan Arya Bimaraksa nu gede dina ngagulingkeun kakawasaan Sena/Bratasenawa. Ahirna Purbasora ngangkat jadi senapati unggulan sakaligus Mahapatih Galuh.

Carita Parahyangan nyaritakeun hal suksesi di Karajaan Galuh :
Lawasna jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku Rahiang Purbasora. Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga anak Rakean Jambri. Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun.

Kaberpihakanna Arya Bimaraksa sareng Prabu Demunawan ka  Purbasora pikeun legitimatasi dina gerakan pambarontakan Purbasora, yen tilu katurunan Wretikandayun mianggap ka katurunan Wretikandayun lainna nyaeta Sang Sena, nu dianggap teu syah nguasai tahta karaton Galuh. Ti dieu ngawitan carita sumebarna (Epos Ki Balagantrang)

Makam Ratu Komara (Dewi Komalasari binti Purbasora)
di Pemakaman Umum Cipancar Desa Cipancar Kacamatan Sumedang Selatan

Makam Wira Dikusuma di Pemakaman Umum Cipancar Desa Cipancar
Kacamatan Sumedang Selatan

Batu Tatapan dampal suku, ciri yen ditempat ieu kantos dianggo latihan elmu kanuragan ku pala putra Jantaka sareng Purbasora sareng wadya balad pasukan Purbasora anu dikempelken deui diieu patempatan
(Makam Cipancar Kec. Sumedang Selatan)


Aria Bimaraksa asruk-asrukan neangan kulawargana.  leumpang  ka kaler ti Galuh Medang Jati,  ngaliwatan Gunung Cakrabuana, Mandalasakti, Gunung Simpay, Gunung Penuh. Teras paamprok di patempatan Cipancar Hilir. 

Numutkeun buku caritaan nu turun-tinurun di Cipancar Sumedang,  nuju alitna Prabu Aji Putih anu nami aslina Arya Jaya Sumirat bin Arya Bimarksa di Wilayah Seger Manik (Cipancar) sareng Ibu ramana nyaeta Dewi Komalasari (Ratu Komara/Sunan Baeti) sareng Arya Bimaraksa, kitu deui raka-rakana Dewi Komalasari nyaeta Wijaya Kusuma bin Purbasora sareng Wiradi Kusuma bin Purbasora (Sunan Pameres). 

Laju deui teras Wijaya Kusuma bin Purbasora ngadirikeun Padepokan Cipancar Girang di Limbangan.

Aji Putih atanapi Arya Jaya Sumirat bin Arya Bimarkasa ngawitan ngadirikeun padepokan di Citembong Agung Girang Kecamatan Ganeas, teras ngalih deui ka Kampung  Muhara Desa Leuwi Hideung Kacamatan Darmaraja anu di babad Darmarja disebutna “Bagala Asih Panyipuhan”

Padepokan pada ngadeugdeug, nu ngahaja nyuprih elmu pangaweruh. Murid-muridna diwirid elmu agama jeung elmu tatanen, sangkan bisa marelak pare, kacang, sampeu jeung beubeutian, kalayan barisa ngingu ingon-ingon kayaning embe, sapi, domba, munding jeung sajabana, akhirna lembur-lembur singkur parentul di sapanjang walungan Cihonje, Cibayawak, Cimanuk jeung walungan sejenna. Tegalan-tegalan diarimahan, pasir-pasir dipelakan awi, lengkob-lengkob balongan, walungan dirumat, cai dilokat sangkan nyuburkeun lahan-lahan tatanen, nuwuhkeun elmu kasundaan  Tata Wilayah Patanjala atawa Panca kucika di tempat ieu. Prabu Aji Putih ngahijikeun padusunan-padusunan di daerah Lemah Sagandu tur sabudereunnana. 

Dina mangsa Bulan Purnama tanggal 14 bulan Muharam taun 678 M dina jaman Medang Kamulyan, Prabu Aji Putih ngadegkeun karajaan Tembong Agung, pernahna di wewengkon Muhara Leuwi Hideung, teu pati jauh ti walungan Cimanuk jeung Cihonje. Wangunan karaton model hateup injuk, model susuhunan julang ngapak, bahan-bahanna sarwa kai nyanghareupan alun-alun Mayadatar, nya dintrenan namina janten Prabu Aji Putih dumasar kasaluyuan katurunan Batara Sempakwaja sareng Jantaka, nyaeta :

1. Padepokan Galunggung Kamulayan anu pusatna di Malangbong pimpinan katurunan Sempakwaja sareng Jantaka

2. Padepokan Cipancar Girang anu pusatna di Limbangan pimpinan Wijaya Kusuma bin Purbasora

3. Padeokan Cipancar Hilir anu pusat di Sumedang pimpinan Wiradi Kusuma sareng Ratu Komara (Dewi Komalasari bin Purbasora)

Dumasar Prabu Aji Putih (Pangeran Arya Jaya Sumirat) dianggap cocok dina widang kapamimpinan, kitu deui dina masalah trah, derajat sareng silsilah katurunan, Prabu Aji Putih putra pangageungna ti Ratu Komara atanapi Dewi Komala Sari putrana Prabu Purbasora sareng ramana Arya Bimaraksa putrana Prabu Resi Jantaka di Denuh Galunggung. Kitu deui kasaluyuan ti Ua-uana nyaeta Wijaya Kusuma sareng Wiradi Kusuma pala putra Prabu Purbasora.

Sabada ngadegkeun karajaan ngawangun padepokan pernahna di wewengkon Muhara Leuwi Hideung anu ditelahkeun “Bagala Asih Panyipuhan”. Bagala hartina tempat, Asih hartina silih asah, silih asuh jeung sasama. Panyipuhan hartina ngaherangan tegesna ngaberesihan batin tina rupaning kekebul dosa. 

Aria Bimaraksa nitipkeun padepokan ka raina Astajiwa, lantaran nohonan jangji pangulem Prabu Permana Di Kusuma (Ajar Padang), teras Aria Bimaraksa diangkat deui janten Patih Galuh Pakuan, ku sabab ahli stretegi perang di jaman Purbasora keneh. (Purbasora mertuana Aria Bimaraksa), ngan teu lami ku sabab Permana Di Kusuma (Prabu Resi Ajar Padang) ka bujeng ditelasan pati, ku telik sandina Tamperan (Raja Bondan) nalika Permana di Kusuma nuju ngaresi di Gunung Padang Darmaraja piwarangan kunu janten patih jero Istana kapercayaanna nyaeta Tamperan (Bondan) putrana Sanjaya Raja Kalingga dulurna keneh, anu ka bongbroy ka istrina nu kadua nyaeta Dewi Pangrenyep, ku margi sering ditinggalkeun ku carogena Prabu Permana Di Kusuma anu ngalalana milarian kasajatian diri, kitu deui ka bongbroy ku kakawasan ka prabonan teu puas janten patih jero istana Karaton Galuh. 

Permana di Kusuma ti garwa nu sepuh Naganingrum kagungan putra nyaeta Rd. Suratoma atawa Ciung Wanara, nya ku akina nyaeta Aria Bimaraksa bin Jantaka/Ki Balagantrang/Sanghiang Resi Agung, dicandak disalametkeun ti Karaton Galuh dididik kaelmuan lahir sareng batinna di Sumedang.

Prabu Permana Di Kusuma / Prabu Resi Permana Ajar Padang nyaeta rama pituin Ciung Wanara (Rd. Suratama / Buyud Maja) nu diasuh ku akina nyaeta Aria Bimaraksa (Ki Balangantrang), eta sifat aki nyandak ti kersana ibuna Ciung Manarah (Rd, Suratoma) nu wastana Ibu Ratu Naganingrum, nu ngagaduh dulur pameget nu wastana Prabu Aji Putih bin Bimaraksa bin Jantaka (Resi Danumaya) raja Denuh raina  Rahyang Sempak Waja atawa Resi Galunggung.

Janten Prabu Aji Putih ka Prabu Ciung Manarah teh alona keneh. Prabu Aji Putih puputra Brata Kusuma Tajimalela. Janten Prabu Ciung Manarah sareng Prabu Brata Kusuma Tajimalela teh sipatna kapi adi kapi lanceuk. 

Epos Ki Balangantrang & Nini Balagantrang nu aya dinu pantun, eta mah mung saukur media jaman harita nyumputkeun kisah sabenerna Ciung Wanara / Rd. Suratama  nuju mangsa alitna, da lamun terangeun Ciung Wanara ayana di Sumedang mangsa harita, tangtu dipilarian nepi ka Sumedang, mangsa Galuh aya dinu kakawasaan Prabu Tamperan (Raja Bondan) nalika ti Galuh Pakuan dialihkeun ka Bojong Galuh Ciamis.

Nyaritakeun deui Bale Karaton Tembong Agung, pakarangan karaton Tembong Agung dikurilingan pager kai, gedengeunana Bale Agung jeung Bale Alit nyaeta tempat urun rempug para patinggi karajaan jeung cicingna kulawarga raja. 

Sabada diistrenan Aji Putih nikah ka Ratna Inten atanapi Nawang Wulan, nyaeta putrana Jagat Jaya Nata bin Jantaka ti garwa Saribanon Kencana putrina Prabu Demunawan Raja Sunda Galuh Kuningan.

Prabu Guru Aji Putih ti garwana Dewi Nawang Wulan (Ratna Inten), puputra nyaeta : 
1. Prabu Batara Kusuma atanapi Pangeran Cinde Kancana Wulung atanapi Batara Tuntang Buana atanapi langkung dikenal Prabu Tajimalela.
2. Prabu Sakawayana atanapi Embah Jalul.
3. Prabu Haris Darma.
4. Prabu Jagat Buana atanapi Langlang Buana.

Prabu Guru Aji Putih ngangkat para patinggi karajaan dumasar kana garis katurunan atawa kulawargana. 
- Astajiwa (adina) diangkat jadi patih Tembong Agung, 
- Darma Kusuma diangkat jadi ahli hukum kanagaraan, 
- sedengkeun Siti Putih jeung Sekar Kencana jadi pangais para emban di Kaputren. 

Supados jelas silsilahna Arya Bimaraksa bin Jantaka ti garwana Dewi Komalasari bin Purbasora puputra, nyaeta :
1. Aji Putih
2. Darma Kusumah
3. Astajiwa
4. Usoro
5. Siti Putih
6. Sekar Kencana 

Nu jadi pangdeudeul konsep kanagaraan aya lima perkara disebut panca prabakti abdi nagara. Hartina nu jadi poko utama ngabdi ka nagara aya lima perkara.  Diembrehkeun dina carita-carita lisan anu turun-tumurun. Nu disebut lima perkara nyaeta Pancer, Tanjer, Uger, Jejer jeung Lilingger.

1.  Pancer, hartina panceg pamadegan, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, ngayuni pucuk awi, angin ka kaler leok ka kidul, anginna ti kidul leok ka kaler. Tapi ajeg dina pamadegan.   
2. Tanjer Sasmita,  leber wawanen atawa gede kawani ngabelaan nagara katut rahayatna. Pamimpin dipahing ngayuni hayam kabiri kumeok memeh dipacok, tapi kudu teuneung ludeung nanjeurkeun kapentingan rahayat jeung nagara. 
3. Uger, perlambangna pakeman atawa pedoman wujud dina ngajalankeun pamarentahanana kudu taat kana aturan Gusti, aturan Agama, aturan Nagara, aturan Hukum jeung aturan Tradisi. 
4. Jejer, simbulna jajaran pamarentahan nu ngawengku skill jeung sistem. Dina nempatkeun para patinggi karaajan sanajan dumasar kana turunan atawa kulawarga tapi diluyukeun jeung kahlian sewang-sewangan. Sabab lamun nangtukeun para patinggi tojaiah jeung kaahlianana kari ngadago kaancuran.  
5. Lilinger, nyaeta udagan pamarentah ceuk bahasa ayeuna mah Visi atawa Misi tegesna ambahan, aweuhan jeung tujuan-tujuan jangka panjang. Perkara eta jadi pokok merenahkeun jeung ngamekarkeun Karajaan Tembong Agung.

Dumasar kana sejen sumber, karajaan Tembong Agung sajaman jeung Karajaan Galuh Pakwan (640-724 M), Karajaan Sunda (669-1311) jeung Karajaan Medang Kamulyaan (670-678 M) anu aya di sisi Gunung Tampomas. Mung Karajaan Medang Kahyangan langkung ti payun tibatan Tembong Agung, kukituna bates antara Karajaan Medang Kahiangan sareng Tembong Agung dibatesan ku walungan Cipeles kapungkurna.

Tata cara nyerenkeun tahta karajaan dumasar kana ugeran taya lian umurna, paling handap 22 taun. Cara-cara nguji bakat jeung kamampuan calon raja ngaliwatan cara-cara spiritual salah sahiji pikeun nempa mentalna, sakumaha digambarkeun dina carita-carita lisan anu tumumwuh di wewengkon Darmaraja jeung sabudeureunnana. Lantaran Darmaraja baheula mah lega ti Wetanna Gunung Jagat, ti kulonna Gunung Lingga, di kalerna Gunung Mandalasakti, sakalereunnana Gunung Pareureug. Wewengkon kasebut mangrupa energi mistik alam semesta nu ngarangkum peta kasuburan bumi Tembong Agung, nyaeta Tembong hartina katenggang, kaciri, katenjo. Agung nyaeta Adi luhung.

Catur rangga nu turun-tinurun ngebrehkeun riwayat prabu Guru Aji Putih sabada lenggser kaprabon nyerenkeun kakawasaan ka putrana jujulukna Brata Kusuma atawa Pangeran Cinde Kancana Wulung,  Resi Cakrabuana,  Resi Pancerbuana, Resi Darmawisesa, Batara Tungtangbuana,  Prabu Resi Rohmayang, anu katelahna Prabu Tajimalela.

Sedengkeun Prabu Sokawayana diparentah kanggo ngaluaskeun wilayah kakuasaan ka kawasan Gunung Tampomas.  Prabu Harisdarma ngaluaskeun wilayah kakuasaan ka kawasan Garut di sakitar suku Gunung Haruman, Harisdarma nu ngarundaykeun para menak di kawasan Garut. Putra bungsuna atanapi Prabu Langlang Buana ngaluaskeun wilayah ka arah kulon di sakitar suku Gunung Manglayang atawa daerah Bandung.

Sanggeus lengser kaprabon, Aji Putih netep di Bagala Asih Panyipuhan pernahna di Cipaku, silibna Pakuning Alam, Pakuning Bumi. Pamageuh bumi, pamageuh alam rasa alam pikir, akal jeung rasa. Ceuk pandangan rahayat sikep tukuh Cipaku nyaeta pamadegan hakeki, beureum tetep beureum, bodas tetep bodas, hideung tetep hideung, ulah ngadek saclekna nigas saclakna, ajeg dina kapribadian. Kapribadian suri teladan karuhun diebrehkeun dina carita nu ngagambarkeun kateguhan jeung kaarifan Prabu Aji Putih dina jero nyanghareupan parobahan-parobahan jaman.

Waktu Adji Putih nyepeng di mandala atawa kabuyutan Cipeueut, ngadangu sora tanpa katinggal, nyaeta : "Hiji waktu jalan kaarifan baris molongpong ti panto Mekah nepi ka pulo Tutung. Jelema arantay-antayan nareangan kaarifan, tapi teu nyaho nu disebut Arif. Pesek eusina ieu ti kawula". 

Ti saprak harita Aji Putih beurang peuting heuleut isuk, heuleut sore guntreng jeung dirina panasaran ngabuktikeun wangsit ghoib nu pinuh ku rasa panasaran, nya akhirna nepungan atawa guguru agama Selam (Salamet) ka Syeh Haji Pandita Rukmantara nu aya di Sancang Pameungpeuk garut atawa Rakryan Santjang atawa Brajagiri putra Raja Kertawarman (Raja Tarumanagara 561 – 618 M) anu kungsi ngabantosan Sayyidina Ali r.a dina mangsa nalukeun karajaan-karajaan di tatar Jazirah arab.

Teras Aji Putih jeung garwana ninggalkeun Bagala Asih Panyipuhan, angkat ngajugjug basisir tujuanana daratan Teluk Persia taya lian Negeri Mekah maksudna rek nyakinkeun wangsit ghoib eta. 

Ceuk sakaol Aji Putih katut garwana meuntas lautan ti palabuhan Carbon ka tempat nu dimaksud, ku sabab baheula oge eta Palabuhan Carbon geus jadi tempat perdagangan palabuhan ti nagari-nagari China, Arab jeung nagari sejenna (hasil panalitian DR. Nina Lubis  dina urut paninggalan karajaan Tembong kapanggih pernak-pernik garabah keramik kuno ti China, hiji bukti yen geus aya pangiriman hasil bumi ti Tembong Agung ngaliwatan palabuhan Caruban). Di teluk Persia tepung jeung Syekh Baginda Ali r.a (Sayyidina Ali r.a). Tina silaturahmi ngantengkeun hubungan panjang akhirna Aji Putih ngagem agama Selam (Salamet) sarta jadi muridna. 

Di negeri Mekah diwirid elmu sareat, hakekat, tarekat jeung marifat. Sapopoena tara leupas tinu tasbeh, Bentang kerti teh buktina "Tasbeh". Pikeun nyampurnakeun Islamna, Prabu Aji Putih munggah haji gegelarna Haji Purwa Darmaraja nyaeta Haji anu mimiti ngagaduhan gelar Haji di Karaton Darmaraja, anu gelarna Prabu Guru Haji Adji Putih.

Samemeh mulang ka sarakan pangbalikan, narima parentah ti guruna kedah ngadeugkeun Masjid Jami jeung tempat-tempat Wudlu. Samulangna ti Nagri Mekah Prabu Haji Adji Putih ngalaksanakeun parentah guruna, nyaeta ngadeugkeun masjid pernahna di suku Gunung Penuh, lantaran suwung malah rahayat di dinya nyempad bari jeung nyeungseurikeun ngadenge kecap masigit, yen tandana ngarobah kayakinan agama, lain pagawean enteng-enteng, tapi merlukeun cara-cara nu lantip sangkan teu nyinggung parasaan, sumawonna matak nimbulkeun pacogregan. Ku sabab gagal ngadegkeun masigit di eta patempatan, daerah eta kiwari dinamian gunung Masigit, nu tembong kari gunung Masigitna, sabab harita  dijieunna eta masjid atawa masigit tina awi atawa kai.

Kitu deui pikeun narik animo masyarakat dina masalah bag-bagan tauhid dipadukeun jeung kayakinan waktu harita.  Prabu Haji Purwa Darmaraja ngayakeun tempat wudhu tujuh muara, nyaeta : 

(1) Cikahuripan, maknana nyaeta sing saha nu wudhu atawa beberesih di dinya pikeun kamulyaan hirup, ayana di sakitar suku Gunung Lingga kawasan Desa Cimarga Kecamatan Darmaraja.

(2) Cimaraja, maknanya nyaeta sing saha anu diajar elmu kapamimpinan, jeung wudhu atawa beberesih di dinya, pikeun karisma dina hal mimpin rakyatna, sabab pamimpin utama dina nentukeun arah kahirupan rakyatna. 

(3) Cilemahtama, maknana yen sing saha nu miboga panyakit lahir jeung batin jeung wudhu atawa beberesih di dinya, bakal di damangkeun tina sagala panyakit lahir jeung batin. Muharanana aya di Cipeueut Desa Cipaku Kecamatan.

(4) Cikatimbulan, maknanya sing saha nu ngalakukeun ma’rifat ka Allah SWT, teras wudhu jeung mandi di dinya bisa aji halimunan atawa teu tembus pandang.

(5) Cikajayaan, maknana nyaeta sing saha nu wudhu atawa beberesih di dinya, pikeun kajayaan hirup, disegani jeung awet ngora, ayana walungan di kawasan Paniis kampong Cieunteung Desa Sukanagara Kecamatan Darmaraja.

(6) Cikabedasan, maknana nyaeta sing saha nu wudhu atawa beberesih di dinya, dilandasan ku kayakinan, maka miboga kakuatan lahir batin, atawa teu teurak ku pakarang.

(7) Cisundajaya, maknanya nyaeta sing saha nu ngayakini elmu-elmu laluhur sunda, wudhu sareng mandi di dinya, pikeun nguatkeun kajayaan Ki sunda.

Muhara-muhara ieu didamel tina ngajadina poe atawa ngaran poe balungan, ngindungna poe juma'ah, ka dua poe sabtu, poe ahad ka tiluna, senen ka opatna, salasa anu ka lima, ka genepna poe rebo, kemis poe ka tujuh, kitu asalna.
 
Sabada ngadeugkeun tempat-tempat susuci (wudlu) netep di Padepokan Cipeueut nuluykeun tapak lacak Sanghyang Resi Agung. Ti harita Cipeueut diganti ngaranna jadi Cipaku. Padepokan Cipeueut pada ngadeudeug ku jalma-jalma nu ngahaja nyuprih elmu pangaweruh. Para cantrikna diwanoh kana bag-bagan Islam nu harita masih aksara pegon keneh campur jeung aksara sunda, ngaliwatan falsifah sastra haksara kalayan disusupkeun dina pirang-pirang tradisi budaya. 

Prabu Guru Haji Putih mimiti nyiptakan Syahadat jeung elmu Kacipakuan, nyaeta :
“Sir budi cipta rasa, Sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula”  

Nu salajengna disampunakeun ku putrana jeung katurunanna janten :
“Sir budi cipta rasa, Sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula, maring Prabu Purbawisesa, Prabu Teras Wisesa, Eyang Haji Darmaraja, maring Ingsun”
atanapi :
"Sir budi cipta rasa, sir rasa papan raga, dzat marifat wujud kula, maring Purbawisesa, Terah wisesa, ratu galuh, galih kula aji putih, ngamupuk aji putih, ngabanyu aji putih, ngaraga sukma tembong aji sajati agung, sajatining diri Tembong Agung, marifat jati keursaning Allah. Laa ilahaa ilallaah, Muhammadarosulullaah"

Lajeng disampurnakeun deui janten :
"Sir Budi cipta Rasa, Sir Raga papan Rasa, dzat marifat wujud kula maring Allooh, maring malaikat, maring khodan karomah Suci, maring ingsun sajerning urip, lailaha Illallooh muhammadurrosullullooh" (elmu Kacipakuan). 

Tegesna Allah SWT, langkung jeneng ti heula kudu jeung kudu Marifat. Dina al Quran diterangkeun :
- Beres sholat, berdzikirlah bade calik, Nangtung atawa sasarean (An nissa 4 : 103) 
- Hei, jalma-jalma nu ariman dhikir anjeun nu saloba-lobana (Al Ahzab 33 : 41)
- dzikir saloba-lobana sangkan anjeun sukses di dunya jeung akherat (Al Jumuah 62 : 10)
- Beres haji dhikir…….saloba-lobana (Al Baqarah 2 : 200)
- Nu komunikasi jeung Allah, rohna (Al A’raf 7 : 172) 
- Mantenna anu mere pituduh kana Hate na (Al Tagabun 64 : 11)
- Nyuhunkeun ka MantenNA ku Asma‘ul Husna (Al A’raf 7 : 189)
- Sebut name Mantenna dina Hate (Al A’raf 7 : 205)

Ti harita murid-murid mimiti wanoh kana ajaran Islam, tapi pada nyarebutna agama Selam (agama Salamet)

Dina hiji waktu, Prabu Adji Putih ngebrehkeun bag-bagan munggah haji, lisanna :  "Maraneh teu kudu munggah haji, lamun tatangga maraneh tataranjang walurat ku sandang pangan, tatangga ting darenggek keneh lantaran murilit peujitna werat ku kadaharan, saheulaan diwakilan ku kaula, lamun maraneh can kawasa dijalanna, maraneh cukup jadi haji batinna hungkul". 

Maksud Prabu Guru Haji Aji Putih sabenerna alus keur jaman harita tangtuna, kitu deui ulah geus jadi haji tapi teu jadi haji nu hakiki, tapi teu kabeh muridna ngarti, malah sawareh salah ngalarapkeunana, nepi ka antukna timbul pacaduan, ceunah urang Cipaku teu meunang munggah haji, balukarna salah ngalarapkeun pituduh guruna. Kaharti ku akal oge dina mangsa harita kaayaan nagri di jazirah arab keur walurat campuh peperangan antara Muawiyah sareng ka khalifahan Sayyidina Ali a.s, ditambah resiko perjalanan anu jauh mentas lautan naek parahu ti Caruban Girang ka Mekahna.

Prabu Guru Haji Aji Putih mertelakeun sahadat ka murid-muridna, nu di sebut sahadat ikrar jangji kuring jeung kurungna, jangji manusa ka Gustina, jangji manusa ka rosulna. Lamun sahadat geus ngancik dina dirina imanna moal unggut kalinduan gedag kaanginan, teguh kana kayakinan jeung kapribadianna. Salian aranjeun jangji ka diri sorangan, jangji ka Gusti, jeung jangji ka rosul, kudu jangji ka karuhun anjeun, sabab karuhun roh nu ngabuuhan, tegesna jalma nu tiheula hirup di dunya, nu ngawariskeun elmu pangaweruh jeung harta benda. Moal aya nu ayeuna lamun euweuh nu tiheula, ayeuna lain baheula, baheula lain ayeuna tapi nu ayeuna teh karana nu baheula.

Pikeun ngentelan hate murid-muridna sangkan nyaah kana sarakannana, dikeliran ku sahadat Cipaku, nu bacaanna : "Sang kuncung Batara Wenang, Sanika ku Allooh, langit ngait jagat rapak, tarima badan kaula sirna Adam, Hu Allooh, Hu Allooh, Hu Allooh, Laa ilaaha Ilallooh".

Hartina : Sang teh hiji, kuncung buuk dina embun-embunan ngacung ka luhur, Batara Wenang hartina Maha Pinter, sari sanika tegesna pangersana, langit kawas dikaitkeun jagat kawas diamparkeun, tumampa yen kaula hirup sanggeus adam mulang ka alam langgeng. Allooh Maha Agung, teu aya deui nu wajib disembah lintang ti Allooh, Muhamad  Rosul Alloh.

Salian ti eta, Prabu Guru Haji Aji Putih ngajarkeun cara-cara meredih pitulung Gusti, ngagunakeun Sasmita Alif. Tegesna Alif dijabar jadi (a) hartina Akal, Alif dijeer jadi (i) hartina iman, Alif dipees jadi (u) tegesna upaya. 

Meredih pitulung ti Gusti kudu make akal, usaha jeung iman. Akalna sagudang, binekas, usaha ti sukruk ti dungdung  hulu dijieun suku, suku dijieun hulu ngabelaan kahayang, tapi lamun teu dibarengan ku iman, rea jalma nu ngaruksak kakayaan nagara, ngarampas atawa maling hak deungeun-deungeun. Pon kitu deui iman hade, usaha getol, tapi akalna teu metu (dipake), rea jalma anu katipu dirina jeung ku baturna sorangan. Sabalikna iman kuat, akalna onjoy, tapi kedul usaha kacuali boga simpenan harta tuturunan, rea jalma nyatur tampa bukur, teu bisa ngala kifayah, tungtungna ngadago pamere deungeun-deungeun. 

Falsifah Alif disilibkeun dina tetengger Hiji Kuburan anu geus aya ti jaman sunda baheula keneh, pikeun urang Cipaku lamun maot tutunggul kuburan kudu Hiji, tegesna Simbul Alif nuduhkeun yen Gusti Allooh teh Maha Tunggal teu aya duana, kayakinan kudu panceg napak dina kapribadian, kukuh pengkuh teu ungut kalindunan teu gedag kaanginan, napak dina kapribadian nu hakiki. 

Pituduh guruna nambahan kayakinan jeung pangaweruh agama, sarta jadi ugeran hirup sapopoe. Arinyana ngarasa hanjakal, sabab anjeunna kaburu nyampurnakeun elmuna di Cipeueut, sumerah ka Gustina ngadago titis tulis mulang ka alam kalanggengan.




5. Ngadegna Mandala Karajaan Sumedanglarang 721 – 1601 M
Terahing raja medal ka dunya dipapag caang bulan narawangan mega taya aling-aling ditaretes bentang baranang, manjangkeun galura kabagjaan para pangagung Tembong Agung. buah panglamunan Prabu Guru Haji Aji Putih (Haji Purwa Aria Jaya Sumirat Kancana atawa Suryadiwangsa), putrana nyaeta Pangeran Brata Kusuma (Prabu Tajimalela) ngajanggelek geus jadi sinatria mandita, dedeg, rupa, hade, binekas leber jajaten nuluykeun tapak lacak ramana.

Dina hiji mangsa Pangeran Aria Jaya Sumirat atawa Pangeran Brata Kusuma (Prabu Tajimalela) diparentah ku ramana Prabu Guru Haji Aji Putih (Haji Purwa Aria Jaya Sumirat Kancana)  maguron deui ka Resi Sakti nu netep ditutugan Gunung Cakrabuana. Sanggeus jadi murid sakti diwirid elmu lahir jeung batin. Tuluy ngawariskeun elmu tawajuh gunung pikeun nyampurnakeun kakuatan elmuna. Brata Kusuma (Tajimalela) ninggalkeun tempat gunung ngajugjug gunung-gunung. Gunung anu dimaksud, taya lian Gunung Mandalasakti, Gunung Simpay, Gunung Nirmala (Sangkan Jaya), Gunung Penuh, Gunung Puyuh, Gunung Merak jeung Gunung Lingga. Sanggeus ngalaksanakeun parentah guruna nya mulang ka karaton Tembong Agung.

Dina mangsa caang bulan Brata Kusuma (Pangeran Cinde Kancana Wulung atanapi Batara Tungtang Buana atanapi Resi Cakrabuana),  diistrenan jadi pamangku karajaan Tembong Agung geugeularna Prabu Tajimalela. Sabada jeneng nata nikah ka Rangga Wulung putrana pasangan Sari Ningrum bin Jagatnata bin Jantaka sareng Adi Hata bin Tambak Wesi bin Demunawan, Janten Prabu Tajimalela ka Ratu Rangga Wulung teh masih dulur sabrayna keneh, ngalahirkeun : 
1. Jayabrata atanapi Pangeran Arya Surya Agung atanapi Peteng Aji, anu katelahna Lembu Agung.
2. Atmabrata atanapi Pangeran Kancana Agung, nu katelahna Gajah Agung.
3. Mariana Jaya atanapi Pangeran Jaya Agung anu katelahna Sunan Ulun.

Dedeg lanjer jaya perang di Buana Panca Tengah, Ulun Santri, demang Raja Prabu Tajimalela nu murba di Darmaraja. Kalimat eta natrat dina elmu kadarmarjaan misilna netelakeun yen Prabu Tajimalela gagah, sakti, bedas, mangulang-manguling, ngawasa elmu perang geus mawa kana kajayaan nagara, ngawas elmu bag-bagan agama elmu sareat, hakekat, tarekat jeung marifat jeung  Raja dipiajrih netepna di Darmaraja, ngalandi h karajaan ditelahkeun "Sumedang Larang". Asal tina kecap INGSUN MEDANGAN. Ingsun = kawula,  Medang = Caang padang narawangan.

Pangna nyebutkeun ingsun medal madangan lantaran nalika nyepeng di Gunung Lingga ninggal cahaya gumulung lir ibarat ulekan, mulih diluhureun gunung dumadakan ngebrak caang, disaksian ku pangawalna Darmawisesa jeung Kuntawisesa, teras ngalisan "Ingsun Medangan Larang Tapa" anu hartina kaula nempo cahaya nyorot patapaan watekna ngebrak caang bodas. Tandaning "kaula kudu nyaangan". Nu disebut larang nyaeta tempat langka disaba ku manusa atawa kabuyutan diuger ku pahingan.




Aya anu nyebutkeun, dina awal pamarentahanana Prabu Tajimalela muka palabuhan pameuntasan Cimanuk di daerah Lebaksiuh. Sumber sejen netelakeun Prabu Tajimalela sajaman jeung Ciung Wanara atawa Raja Galuh Karang kamulyaan. Umurna sawawa jeung kungsi babarengan waktu Ciung Wanara diasuh ku Arya Bimaraksa waktu netep di Bagala Asih Panyipuhan. Samemeh Ciung Wanara (Rd. Suratama atawa Rd, Suratoma), jeneng nata nyekel tampuh karajaan karang kamulyaan ngagulingkeun kakawasaan Prabu Tamperan Barmawijaya putrana Sanjaya anu geus khianat ka bapana Permana di Kusuma, didukung ku Prabu Tajimalela jeung wadya balad Sumedang ditambah ku wadya Balad Pasukan Limbangan Garut.

Dinu caritaan Ciung Wanara disilokakeun Prabu Ciung Wanara meunangkeun sabeulah Nagara Galuh (Kiwari Sumedang) hasil ngadu Hayam, hayam turundul ngéléhkeun hayam Raja. Hayam Turundul nyaeta wadya balad gabungan pasukan rayat Sumedang jeung Limbangan. Ari hayam Raja nyaeta lambang pamaréntahan nu kotor, sabab geus ngarebut pamarentahan kakawasaan bapana Permana di Kusuma, jeung pamingpin nu teu adil ka rahayatna (tinggal peta silsilah)

Dina taun 778 M, Prabu Tajimalela lengser kaprabon  kakawasaanna diserenkeun ka putrana Jayabrata gegelarna Prabu Lembu Agung atawa Prabu Peteng Aji (778-839 M). Prabu Brata Kusuma Tajimalela ngaresi, dina ngalaksanakeun pancen karesiannana nyebarkeun agama ka saban tempat, tuluy nyampurnakeun elmuna di Gunung Lingga. 


Ilustrasi :
Prabu Brata Kusuma bin Arya Cahya Ningrat (Aji Putih) bin Arya Bimaraksa bin Jantaka bin Wretikandayun/Suradarma (Ti Garis Rama), atanapi Prabu Brata Kusuma bin Arya Cahya Ningrat (Aji Putih) bin  Dewi Komalasari (Ratu Komara) bin Purbasora bin Sempakwaja bin Wretikendayun/Suradarma (ti Garis Ibu).



Atsar atanapi Patilasan Prabu Brata Kusumah Tajimalela
di Gunung Lingga Kecamatan Cisitu Kab. Sumedang

Saur sakaol anjeunna ngahyang sarta warugana lebeng teu ka paluruh, Kuntawisesa (Rd. Gedeng Waru) merenahkeun batu (menhir) dina patilasan ngahyang tandana pangeling-ngeling kana kajadian aheng. Nepi ka ayeuna Gunung Lingga pada ngajugjug ku jalma ngadon ngado'a, riyadoh atawa nawassulan. Rea anu nyebutkeun yen Prabu Brata Kusuma Tajimalela, resi anu pinuji jembar ku kaelmuan, arif jeung  bijaksana. Nalika ngaresi nyiptakeun elmu kasumedangan (Tassawuf) jeung putika Kasumedangan atawa atikan Tata krama urang Sumedang.

Munculna Sumedanglarang sajalan sareng ayana Mandala atawa kabuyutan Talaga, anu dirintis ku tokoh-tokoh Praburesi, tumbuh otonom tapi sacara yuridis di bawah Karajaan Galuh.

Nu janten Raja kedua Sumedanglarang nyaeta  Prabu Lembu Agung (778 – 893 M), ti Istrina Hasanah ngarudaykeun diantawisna Lembu Ananah, Lembu Ananih, jst di Tembong Agung, . 

Salajengna mah Raja Sumedanglarang diteraskeun ku Prabu Gajah Agung (893 – 996 M). 

Dina Babad Darmaraja nalika Prabu Brata Kusuma Tajimalela masihan wejangan ka putra  kembaranna (Lembu Agung sareng Gajah Agung), nu hiji kedah janten raja sareng nu lianna janten wakilna (patih). Tapi dua-duana teu sadia janten raja. Ku kituna Prabu Brata Kusuma Tajimalela masihan ujian kadua putrana, nu kawon kedah janten raja. Dua putra kembaranna diparentah kedah uzlah  di puncak Gunung Nurmala (ayeuna Gunung Sangkanjaya).


Gunung Nurmala (Sangkanjaya) Kecamatan Darmaraja

Dina uzlahna diamatan kedah ngajaga hiji pedang / bedog kamkam sareng kalapa duwegan. Nalika ujian lumangsung Lembu Agung ninggalkeun Gajah Agung ka handap gunung heula, nu maksad bade beberesih, margi dihandap gunung Nurmala aya walungan cai anu herang jeung beresih, kantun Gajah Agung nyorangan diluhur, panasna cahaya Panon Poe anu moreret ngajantenkeun Gajah Agung kahausan, ku sabab teu kiat nahan rasa haus akhirna Gajah Agung mesek eta duwegan teras ngaleueut cai duwegan sareng meulah eta duwegan ku bedog / pedang kamkam. Tina ujian ieu nu ahirna Gajah Agung kawon ujianana janten Raja Sumedang larang di Tembong Agung Darmaraja. Gajah Agung dipiwarang ku Prabu Tajimalela kedah milarian nyalira wilayah anyar kanggo wilayah kakawasaanna. 

Sedengkeun Lembu Agung tumetep di Leuwihideung, janten Raja nyelangan (Darma Ngarajaan),  atanapi tiasa disebut oge  Prabu Lembu Agung sakadar ngadarmakeun wasiat Prabu Tajimalela. Sahingga daerah tilas Prabu Lembu Agung disebut Darmaraja, anu salajengna wilayah Darmaraja leubet mandala atawa kabuyutan wilayah Karesyian sareng Karamaan.

Satutasna Kerajaan Sumedanglarang diserahkeun ka Prabu Gajah Agung.  Prabu Lembu Agung ngaresi jeung ngawangun sarana kaagamaan Mandala Kawikan atawa Karang Kawikan.  Salian ti eta oge ngadirikeun sababaraha padepokan di Gunung Rengganis, Gunung Cakrabuana, jeung Gunung Jagat.  Prabu Lembu Agung jeung katurunanna tetep tumetep di Darmaraja. Sedangkeun Sunan Geusan Ulun putera katilu  Prabu Tajimalela jeung katurunanana sumebar di Limbangan, Karawang jeung Brebes. 


Makam Prabu Lembu Agung Di Astana Gede Desa Cipaku Kecamatan Darmaraja

Satutasna ngantunkeun Prabu Lembu Agung dimakamkeun di Astana Gede di Kampung Astana Gede Desa Cipaku Kecamatan Darmaraja Sumedang, teu teubih ti situs Cipeueut makam Prabu Guru Haji Aji Putih. 

Akhirna Prabu Tajimalela nunjuk Atmabrata nu dikenal Prabu Gajah Agung (893 – 998 M) janten raja Sumedanglarang ka tilu, periode pamerintahan kadua katurunan Prabu Lembu Agung langkung payus kana karesian tibatan ka prabonan.

Satutasna Prabu Gajah Agung nampi kaputusan ti ramana Prabu Tajimalela pikeun janten raja Sumedanglarang sareng milari tempat nyalira pikeun Ibukota anyar Sumedanglarang, nyelusuri ka arah kulon mapay-mapay walungan Cipeles,  nu ahirna  Prabu Gajah Agung dugi  di hiji kampung Gegersunten (kampung Ciguling ayeuna).  Di daerah ieu seueur tangkal ki Menyan sareng aya  batu Cadas Nangtung.


Cadas Daerah Geger Hanjuang di Dsn. Ciguling 2
Desa Margalaksana Kecamatan Sumedang Selatan


Cadas Daerah Geger Hanjuang Dari Dekat di Dsn. Ciguling 2
Desa Margalaksana Kecamatan Sumedang Selatan 
Benteng Tilas Ibukota Kota Sumedanglarang di Geger Sunten Dina Masa Prabu Gajah Agung

Di tempat ieu Prabu Gajah Agung ngadirikeun Karaton Sumedanglarang, ditengah alun-alunna dipelakan tangkal caringin anu ahirna di Ciguling ngawitan janten pusat Mandala Karajaan ti Darmaraja ngalih ka Ciguling Desa Pasanggrahan Sumedang Selatan.

Dina hiji waktu Prabu Gajah Agung kasumpingan tamu nu gagah jeung luhung elmuna nu umajak  adu jajaten, dina adu jajaten ieu, Prabu Gajah Agung kawalahan ku akibat serangan musuhna, Prabu Gajah Agung ngaraos sedih sabab teu tiasa meruhkeun musuhna,  nya ahirna Prabu Gajah Agung uzlah nyuhunkeun pituduh kanu Maha Gagah Gusti Nu Maha Murbeng Alam, nu ahirna aya kontak batin ti ramana nyaeta  Prabu Tajimalela, marentahkeun Prabu Gajah Agung kedah ngancurkeun hiji batu dipayuneunna. Saatos batu eta diancurkeun ku tanaga dalamna, breh aya hiji keris nyaeta Ki Dukun.

Prabu Gajah Agung kagungan ti garwana Ratu Sri Aini Nurhayani Gandruni putrana Rd. Gedeng Waru ti garwana Nyimas Sari Anten  puputra, nyaeta Prabu Wirajaya (Prabu Pagulingan) ahirna janten penerus karajaan Sumedanglarang ka opat (IV) dina taun 996 – 1114 M, neraskeun Prabu Gajah Agung. 

Prabu Gajah Agung ngaresi di daerah Cicanting desa Sukamenak Kacamatam Wado dugi ka ahir hayatna



Makam Prabu Gajah Agung (Atma Brata) Cicanting Cisurat Wado.


Makam Prabu Gajah Agung (Atma Brata) Cicanting Cisurat Wado.

Prabu Wirajaya (Prabu Pagulingan) ti garwana Ratu Miramaya, puputra Mertalaya (Sunan Guling).

Di Jaman Prabu Pagulingan (996 – 1114 M), pusat pamerentahanna posisina  di Ciguling Kecamatan Sumedang Selatan dina Carita Ratu Pakuan disebutna Dayeuh Pagulingan. Mandala karajaan Ciguling ngarupakeun teras berundak-undak, dina teras paling handap aya walungan Cipeles, teras kedua aya pasawahan jeung pamukiman, teras paling luhur aya bentang alam batu tebing Geger sunten.

Kampung Ciguling ngarupakan tilas Ibukota Sumedanglarang nu paling lami, ti masa pamarentahan kaprabonan Prabu Gajah Agung taun 893 M dugi ka masa pamarentahan Ratu Nyi Mas Patuakan taun 1530 M.  

Saterasna Prabu Pagulingan digentos ku putrana Prabu Mertalaya (Sunan Guling) digelaran Rajamukti Purbakawasa neraskeun dinasti kaprabonan Sumedang larang ka lima (V) ti taun 1114 – 1237 M. 

Prabu Mertalaya (Sunan Guling) ti garwana Mutiasari putrina Prabu Lingga Hiang (Dalem Haji Kusuma) ti garwana Amah Suriyamah (Dalem Istri),  puputra :
1. Tirta Kusuma atanapi Sunan Tuakan. 
2. Jayadinata 
3. Kusuma Jayadiningrat. 

Prabu Mertalaya (Sunan Guling) raja Sumedanglarang lumayan lami janten pangawasa Karajaam Sumedang larang +/- 123 taun. Dina masa Pamarentahan Sunan Guling posisina karatonna tetep  di Ciguling.  

Dina masa-masa pamarentahan Prabu Mertalaya (Sunan Guling) seueur pisan peristiwa nu terjadi, diantarana parebutan kakawasaan di Sunda Pakuan. 





Saatosna  Prabu Mertalaya (Sunan Guling) ngantunkeun digentos ku putrana Prabu Tirtakusuma (Sunan Tuakan) dina taun 1237 – 1462 M, neraskeun dinasti kaparabonan Sumedanglarag nu ka genep (VI).

Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) ti garwana Ratu Nurcahya putrina Surya Jaya Kusuma (Rd. Abun) ti garwana Puspita Kancana (Hartini) asal Limbangan, puputra :
1. Ratu Ratnasih atawa Ratu Rajamatri dipigarwa ku Sri Baduga Maharaja Jaya Dewata (1482 – 1521 M) Raja Pajajaran puputra Rd. Meumeut/Ceumeut, Rd. Meumeut puputra Sunan Pada, Sunan Pada puputra Nyi Mas Cukang Gedeng Waru istri kahiji Prabu Geusan Ulun.
2. Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Ratu Patuakan. 
3. Sari Kencana dipigarwa ku Prabu Liman Sanjaya putrana Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata) ti garwana Ratu Rajamantri.
Prabu Liman Senjaya (Sunan Cipancar) puputra Dalem Limansenjaya Kusumah di Karta Rahayu Limbangan Garut.

Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) nganjrek kakawaasan paling lami diantara raja-raja Sumedanglarang kirang langkung marentah salami 155 taun, dina pamarentahan na langkung ngutamakeun pikeun kapentingan kalebet (intern) Mandala Karajaan  Sumedanglarang, sahingga teu nampak peranan politikna. Sanajan dina masa pamarentahanna Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) aya kajantenan peristiwa Perang Bubat antara Pajajaran sareng Majapahit. 

Saatosna ngantunkeun Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) dimakamkeun di Kampung Heubeul Isuk Desa Cimarias Kecamatan Pamulihan Sumedang, di komplek makam Heubeul Isuk aya oge makam istrina nyaeta Ratu Nurcahya, makam Mundingwangi, sareng makam puterina Nyi Mas Patuakan Ratu Sumedanglarang ka tujuh (VII).


Makam Prabu Tirta Kusumah (Sunan Tuakan) sareng garwana Ratu Nurcahya
di Desa Cinanggerang Kecamatan Pamulihan sateuacan dipugar

Makam Prabu Tirta Kusuma (Sunan Tuakan) sareng garwana Ratu Nurcahya, Munding Wangi
Di Desa Cinanggerang Heubeul Isuk Kecamatan  Pamulihan Saatos dipugar.

Salajengna Sunan Tuakan digentos ku putrina nu kadua nyaeta Ratu Sintawati atawa Nyi Mas Patuakan atanapi Nyimas Corendra Kasih (1462 – 1530 M), nu janten penerus dinasti raja Sumedanglarang ka tujuh, Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Patuakan atanapi Nyimas Corendra Kasih dipigarwa ku Sonda Senjaya, raina Sunan Corenda atanapi Sunan Parung atanapi Batara Sakawayana Raja Talaga Manggung, pala puterana Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya putrana Prabu Dewa Niskala panguasa Karaton Galuh. 


Makam Ratu Sintawati atanapi Nyi Mas Patuakan atanapi Nyimas Corendra Kasih
di Desa Corendra Kecamatan Darmaraja 


Ratu Sintawati tina pernikahanna puputra nyaeta Ratu Satyasih atanapi Ratu Inten Dewata nu salajeng saatos janten panguasa Sumedang digelaran Ratu Pucuk Umun, sedangkeun ti Mayangsari puputra Ratu Wulansari atawa Ratu Parung nu dipigarwa ku Rangga Mantri yang dikenal sebagai Sunan Parung Gangsa (Pucuk Umun Talaga) putera Munding Surya Ageung.

Masa pamerentah Nyi Mas Patuakan atawa Ratu Sintawati Sumedanglarang janten bawahan karajaan Pajajaran sareng benteng pertahanan Sunda Pakuan. 

Dinu masa ieu karajaan Galuh dibagi jadii dua, Galuh Kawali dikuasai ku Dewa Niskala sedengkeun Sunda Pakuan dikuasai ku Prabu Susuk Tunggal,  dina taun 1539 agama Islam ngawitan hibar di kalangan umum Sumedanglarang. 

Agama Islam disebarkeunn ku Maulana Muhammad atanapi Pangeran Palakaran/ Pangeran Muhammad, putra dari Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) katurunan ti Syekh Datuk Kahfi, seorang ulama keturunan Hadramaut nu kawitna ti Yaman. 




Makam Pangeran Muhammad di Marga Tapa Kampung Cicurug,
Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka

Pangeran Palakaran (Pangeran Maulana Muhammad) bin Pangeran Panjunan Cirebon  migarwa Nyi Armilah wanoja ti Sindangkasih Majalengka turunan Prabu Amuk Marugul, tina patikahan ieu dina tangga 6 bagean gelap bulan jesta taun 1427 saka (+ 29 Mei 1505) dibabarkeun Rd. Sholih atanapi Ki Gedeng Sumedang atanapi Pangeran Santri. Dimana engkena Pangeran Santri migarwa Ratu Inten Dewata puteri ti Ratu Nyi Mas Patuakan.



Saatos Nyi Mas Patuakan ngantunkeun Raja Sumedanglarang digentos ku puterina Satyasih atanapi langkung dikenal Ratu Inten Dewata (1530 – 1578 M).  Dina masa ieu pangaruh Islam ngahibaran langkung kiat di Sumedang. Putra Pangeran Palakaran nyaeta Pangeran Santri sumping ka Sumedanglarang kanggo nyebarkeun agama Islam ngalanjutkeun tugas ramana Pangeran Muhammad. Pangeran Santri dina panyebaran Agama Islam ngenalkeun Seni Gembyung ngahijikeun seni jeung budaya dina syiar agama Islam. 

Pangeran Santri ngembangkeun agama Islam ku cara metode pendekatan sosial - budaya, sahingga tradisi adat istiadat masyarakat tetep aya teu ngicalkeun nilai-nilai budaya aslina, kukituna Pangeran Santri salian ti ulama agamawan oge budayawan. 

Pangeran Santri migarwa Ratu Inten Dewata, saatos ditikah digelaran Ratu Pucuk Umun (1530 – 1578 M), nu akhirna Pangeran Santri marengan Ratu Pucuk Umun sabagai panguasa Sumedang, dina tanggal 13 bagean gelap bulan Asuji taun 1452 saka (21 Oktober 1530 M),  Pangeran Santri dinobatkeun janten Raja Sumedanglarang digelaran Pangeran Kusumadinata. Pangeran Santri oge muridna Sunan Gunung Jati kitu deui Pangeran Santri Panguasa Sumedang nu ngawitan ngadamel Karaton  Kutamaya di Padasuka, janten ibukota Sumedanglarang nu anyar, dugi kaayeuna di sakitar situs Kutamaya aya fondasi Batu Tajug Karaton Kutamaya. Kuta hartosna tempat ngumpul, benteng atawa tembok ageung atawa benteng pembatas, Maya hartosna cahaya bayang-bayang nu hibar.

Batu Pangsujudan paragi shalat sabab harita ajaran syaré'at agama lahir geus mimiti dianut ku luluhur Sumedanglarang, kitu deui jaman Ratu Pucuk Umun nalika nikah ka Pangéran Santri, matak di wewengan Karaton Kuta Maya harita ngadeg Tajug disebut Tajug Kuta Maya anu di jerona aya batu pangsujudan paragi shalat, malah riwayatna éta batu téh kungsi dijadikeun Batu Palangka / batu panobatan Pangéran Angkawijaya nalika dibenum jadi Naléndra Sumedanglarang kalayan gelar Prabu Geusan Ulun sakumaha kailaharan Raja-raja Pajajaran nalika dibenum kudu calik dina Batu Palangka, kusabab Batu Palangka Raja Pajajaran diboyong ka Banten, samentara Makuta Binokasih dipasrahkeun ka Sumedanglarang tur Sumedanglarang didaulat jadi panerus karajaan Pajajaran, antukna Batu Pangsujudan ieu nu dianggo Batu Palangka pangberkatanana. 



Batu Tajug Kutamaya di Desa Padasuka Sumedang
Batu Tajug Kutamaya di Desa Padasuka Sumedang Kondisi Ayeuna


Dina tanggal 3 bagian terang bulan srawana tahun 1480 saka (19 Juli 1558) dilahirkeun Pangeran Angkawijaya nu jagana digelaran Prabu Geusan Ulun putera ti Pangeran Santri sareng Ratu Pucuk Umun. 

Tina patikahan Ratu Pucuk Umun ka Pangeran Santri, puputra nyaeta :
1. Raden Angkawijaya (Prabu Geusan Ulun)
2. Kyai Rangga Haji.
3. Kyai Demang Watang.
4. Santowan Wirakusumah (Dalem Pagaden)
5. Santowan Cikeruh.
6. Santowan Awi Luar / Pangeran Bungsu.

Dina masa pamarentahan Ratu Pucuk Umun sareng Pangeran Santri, pangaruh kakuatan Pajajaran tos ngawitan ngalemah disababaraha daerah sapertos wilayah Pulosari Pandeglang, Jayakarata, Subang,  kaleubet Sumedang.  Lemahna Pajajaran ku sabab serangan ti Banten, sababaraha daerah nu tadina aya dina kakuasaan Pajajaran geus direbut ku pasukan Surasowan Banten jeung karajaan-karajaan bawahan Pajajaran tos teu ka awasi ahirna sacara de facto janten merdeka. 

Dina masa Prabu Suryakencana Ragamulya Raja Pajajaran  nu marentah taun (1567-1569 M), Kerajaan Sumedang Larang nyaeta salah sahiji karajaam nu aya dina wilayah panguasaan Pajajaran nu diistimewakeun, sababna seueur Raja-raja Pajajaran sareng galuh pakuan nu asalna ti katurunan Karajaan Talaga  cikal bakal karajaan Sumedang Larang. Dina saat Kesultanan Banten dipimpin ku Sultan Maulana Yusuf (putra Sultan Hasanuddin) nyerang ka Pajajaran, Prabu Suryakencana Ragamulya merintahkeun  teu di Ibukota Pajajaran di Pakuan (Bogor) tapi di daerah Pulasari (daerah antare Gunung Halimun - Salak), ku sababna burakna Pajajaran teu  langsung dina taun 1579 M, ngan tapina dina taun 1578 Prabu Suryakencana tos nyerah ka Sultan Banten.

Dina saat anu sami, di taun 1578 M Prabu Suryakencana marentahkeun para Senopatina pikeun nyalametkan Putra Mahkotanya nu namina Raden Ajimantri kucara ngungsi ka Kerajaan bawahanna nu masih kakaitan kakaluargaan deukeut,  nyaeta Karajaan Sumedang Larang. Dina pangungsian eta oge rombongan ti Pakuan mawa Mahkota Raja nu namina Makuta Binokasih Sanghyang Pake sareng pustaka-pustaka karajaan lainnan dibarengan opat senapati Pajajaran nu nyamar sabagai Kandaga Lante sareng wadya balad Pajajaran nu ngungsi, nalika di tengah perjalanan rombongan dibagi dua, rombongan kahiji ngalanjutkeun perjalanan ka Sumedang, rombongan nu lainna malibir basisir pantai selatan.  (kisah salajeng aos dina wawacan Carita Rayat Pajagan anu dipedar salajengna).

Dina taun 1578 tepatna dinten Jum’at legi tanggal 22 April 1578 atawa bulan syawal nu tepatna dina bulan Idul Fitri di Keraton Kutamaya Sumedanglarang Ratu Pucuk Umum sareng Pangeran Santri nampi kasumpingan opat Kandaga Lante nu dipimpin ku Sanghyang Hawu atawa Jaya Perkosa, Batara Dipati Wiradidjaya (Nangganan), Sangyang Kondanghapa,  sareng Batara Pancar Buana Terong Peot nyandak saperangkat pusaka Pajajaran “Mahkota Binokasih” nu didamel dina masa Prabu Bunisora Suradipati (1357 – 1371), Mahkota Binokasi disanggakeun ka panguasa Sumedanglarang sareng dna masa eta oge Pangeran Angkawijaya dinobatkeun janten raja Sumedanglarang anu digelaran Prabu Geusan Ulun (1578 – 1601 M) anu nalendra penerus karajaan Sunda sareng ngawaris daerah tilas wilayah Pajajaran, sapertos anu dikamukeun dina Pustaka Kertabhumi I/2 (h. 69) anu eusina : “Ghesan Ulun nyakrawartti mandala ning Pajajaran kangwus pralaya, ya ta sirnz, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedang haneng Kutamaya ri Sumedangmandala”. Hartosna : Geusan Ulun ngawasa wilayah Pajajaran nu tos runtuh, nyaeta sirna, di bumi Parahiyangan. Karaton raja Sumedang ieu aya di Kutamaya di daerah Sumedang.

salajengna diberitakeun oge : “Rakyan Samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Ghesan Ulun”. Hartosna : Para panguasa sanes di Parahiyangan ngarestuan Pangeran Geusan Ulun.

“Anyakrawartti” biasana digunakeun ka pamerentahan hiji raja nu merdeka jeung cukup luas wilayah kakuasaanna.

Dina hal ieu istilah “nyakrawartti” jeung “samanta” sabagai bawahan, cukup layak dikenakeun ka Prabu Geusan Ulun, hal ieu tina luas daerah anu dikuasaina, sareng wilayahna ngaliputi sadaya wilayah Pajajaran saatos taun 1527, masa Prabu Surawisesa jeung bates-batesna ngaliputi; Sungai Cipamali (daerah Brebes ayeuna) dibelah wetan, Sungai Cisadane dibelah kulon, Samudra Hindia dibelah kidul sareng Laut Jawa di belah Kaler. Daerah nu teu leubet wilayah karajaan Sumedanglarang harita nyaeta Kesultanan Banten, Jayakarta jeung Kesultanan Cirebon.

Ditinggal tina luas wilayah kakuasaanna, wilayah Sumedanglarang kapungkur ampir sami sareng wilayah Jawa Barat ayeuna teu kalebet wilayah Banten sareng Jakarta kacuali wilayah Cirebon ayeuna janten bagian wilayah Propinsi Jawa Barat.






Dina saat dinobatkeunana Pangeran Angkawijaya yuswana 22 taun langkung 4 bulan, saleresna Pangeran Angkawijaya masih anom keneh kanggo mangkon jabatan raja sedangkeun tradisi nu berlaku yen yuswa paraturan raja nyaeta 23 taun, nanging Pangeran Angkawijaya kenging dukungan ti opat dulur tilas Senapati sareng pembesar Pajajaran nu sanesna, ka opat dulur eta katurunan ti Prabu Bunisora Suradipati.

Dina Pustaka Kertabhumi I/2 nyaritakeun ka opat dulur eta : “Sira paniwi dening Prabu Ghesan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirnya” (Aranjeuna nu ngabdi ka Prabu Geusan Ulun. Di dinya areunjeuna ngabina bala tentara, ditugaskeun ngatur pamerentahan jsb), kusabab eta kenging dukungan atawa restu ti 44 penguasa daerah Parahiyangan nu terdiri ti 26 Kandaga Lante, Kandaga Lante nyaeta samacam Kapala nu  satu tingkat atawa langkung luhur tingkatanana tibatan Cutak (Camat) sareng 18 Umbul jeung jumlah cacah kirang langkung 9000 umpi, kanggo nobatkeun nalendra anyar pangentos panguasa Pajajaran nu tos runtuh, ku alatan serangan gabungan Demak - Cirebon - Surasowan Banten


Dina tanggal 11 Suklapaksa bulan Wesaka taun 1501 Sakakala atawa tanggal 8 Mei 1579 M Pajajaran “Sirna ing bumi”. Saperti nu diberitakeun dina Pustaka Nusantara III/1 (h.219) sareng Pustaka Kertabhumi 1/2 (h.68) “Pajajaran sirna ing bhumi ing ekadacai cuklapaksa wesakhamasa sahasra limangantus punjul siki ikang cakakala”.


Ibukota Pajajaran dirurug ku pasukan gabungan kasultanan Demak, Surasowan  Banten sareng Kasultanan Cirebon. Pajajaran Burak, dina penyerangan eta tentara Banten mung kenging kaayaan keraton pakuan nu tos kosong ditinggalkeun ku penghunina sareng tentara Banten mung nyandak batu penobatan raja-raja Sunda Sriman Sriwacana ka Istana Surasowan Banten nu saterusna digunakeun tempat penobatan raja-raja Banten, batu eta dikenal namina Watu Gilang. Ku dicandakna batu Gilang ti Pajajaran ka Kasultanan Surasowan Banten. Kasultanan Banten ngangap legitimasi kakuasaan ti Pajajaran pindah kasultanan Surosowan Banten, tapi dina kanyataanna kakuasaan wilayah Pajajaran ayana di Karaton Sumedanglarang.



Watu Gilang atau Palangka Sriman Sriwacana nu direbut dipindahkeunn/digotong teungah peuting  ku pasukan Kesultanan Banten ti Karajaan Pajajaran ke Keraton Surosowan Banten

 Kondisi Watu Gilang atau Palangka Sriman Sriwacana ayeuana


Pangeran Santri wafat dina tanggal 10 bagean gelap bulan Asuji taun 1501 saka (2 Oktober 1579), dimakamkeun di Pasarean Gede kelurahan Kota Kulon Sumedang kitu deui saatos wafat garwan Ratu Pucuk Umun dimakamkeun disagigireun makam Pangeran Santri.

Makam Pangeran Santri ( Rd. Sholih bin Maulana Muhamad) atanapi Pangeran Kusumah Adinata 1 Sareng Garwana Ratu Inten Dewata / Ratu Pucuk Umun (mp. 1530 – 1578 M) di Makam Pasarean Gede kelurahan Kota Kulon Sumedang

Silsilah Ratu Inten Dewata (Nyi Mas Ratu Pucuk Umun)

- Wretikandayun, masa pamarentahan 612 – 702 M, Raja mimit Galuh, ti istrina Dewi Manawati atanapi Manakasih atanapi Pwahaci Bungatak Mangale-ngale atanapi 

Prameswari Déwi Candrarasmi putrina Resi Makandria, puputra :
1. Sang Jatmika, Rahyang Sempakwaja, Resiguru di Galunggung, lahir 542 C (639 M)
2. Sang Jantaka, Rahyang Kidul, Rahyang Wanayasa, Resiguru di Denuh (ayeuna leubeut wilayah Kampung Daracana, Desa Cikuya, kecamatan Culamega, Tasikmalaya Selatan), lahir 544 C (641 M).
3. Sang Jalantara, Rahyang Mandiminyak, putra mahkota Kerajaan Galuh, lahir 546 C (643 M).

- Sang Jatmika, Rahyang Sempakwaja ti  garwana Wulan Sari, puputra :

1. Prabu Purbasora atanapi Rahyang Kuku Raja Galuh masa pamarentahan 716 M
2. Prabu Demunawan Raja Resi Saunggalah Kuningan
3. Sari Arum

- Resi Jantaka, Rahyang Kidul, Rahyang Wanayasa, Resiguru di Denuh ti garwana Sawitri, puputra :

1. Arya Bimaraksa (Sanghynang Resi Agung)
2. Jagat Jaya Nata
3. Sari Legawa

- Ratu Komara (Dewi Komalasari binti Purbasora), ti carogena Arya Bimaraksa bin Jantaka puputra, :

1. Aji Putih
2. Darma Kusumah
3. Astajiwa
4. Usoro
5. Siti Putih
6. Sekar Kencana

- Prabu Guru Aji Putih migarwa Dewi Nawang Wulan (Ratna Inten), masa pamarentahan 678 s/d 721 M, puputra :

1. Batara Kusuma atanapi Pangeran Cinde Kancana Wulung atanapi Batara Tuntang Buana atanapi Resi Cakrabuana anu langkung dikenal namina Prabu Tajimalela.
2. Sakawayana atau Embah Jalul.
3. Haris Darma.
4. Jagat Buana atanapi Langlang Buana

- Prabu Tajimalela atanapi Batara Kusuma atanapi Resi Cakrabuana, masa pamarentahan 721 s/d 778 M, ti garwana Rangga Wulung putrana pasangan Sari Ningrum bin Jagatnata bin Jantaka sareng Adi Hata bin Tambak Wesi bin Demunawan, 

(Prabu Tajimalela nikah ka Ratu Rangga Wulung masih wargi sabrayna), puputra :
1. Jayabrata atanapi Pangeran Arya Surya Agung atanapi Peteng Aji, anu dikenal namina Prabu Lembu Agung, masa pamarentahan 778 s/d 893 M, Raja Sumedang Larang Ka 2
2. Atmabrata atanapi Pangeran Kancana Agung, anu dikenal namna Prabu Gajah Agung, masa pamerentahan 893 s/d 998 M, Raja Sumedang Larang Ka 3.
3. Mariana jaya atanapi Pangeran Jaya Agung atanapi Batara Dikusuma, anu dikenal namina Sunan Ulun. Nu ngarundaykeun Sunan Rumenggong atanapi Prabu Layaran wangi di Karta Rahayu Limbangan Garut.

- Prabu Gajah Agung / Atmabrata, masa pemarentahan 893 - 998 M, Raja Sumedang Larang Ka 3, puputra :

- Prabu Wirajaya (Prabu Pagulingan), masa pamarentahan 998 s/d 1114 M, Raja Sumedang Larang Ka 4, ti garwana Ratu Miramaya, puputra :


- Prabu Mertalaya (Sunan Guling), masa pamerentahan 1114 s/d 1237 M, Raja Sumedang Larang Ka 5, ti garwana Mutiasari putrina Prabu Lingga Hiang, puputra :

1. Tirtakusuma (Sunan Tuakan)
2. Jayadinata
3. Kusuma Jayadiningrat

- Prabu Tirtakusuma (Sunan Tuakan), masa pamerentahan (1237 – 1462 M) Raja Sumedang Larang Ka 6, ti garwana Ratu Nurcahya, puputra : 

1. Ratu Ratnasih atanapi Ratu Rajamatri dipigarwa ku Sri Baduga Maharaja Jaya Dewata (1482 s/d 1521 M) Raja Pajajaran puputra Rd. Meumeut/Ceumeut, Rd. Meumeut berputa Sunan Pada, Sunan Pada beputra Nyi Mas Cukang Gedeng Waru istri  pertama Prabu Geusan Ulun. 
2. Nyai Mas Patuakan atanapi Ratu Sintawati, masa pamarentahan 1462 s/d 1530, Sumedang Larang, Prabu Sumedang Larang Ka 7.
3. Sari Kencana nu ditikah ku Prabu Liman Sanjaya putrana Prabu Siliwangi / Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Guru Dewapranata) ti garwana Ratu Rajamantri.
Prabu Liman Senjaya (Sunan Cipancar) puputra Dalem Limansenjaya Kusumah di Karta Rahayu Limbangan Garut.

- Nyai Mas Patuakan atanapi Nyimas Corendra Kasih nu digelaran Ratu Sintawati, kalahiran: 1444, masa pamerentahan 1462 - 1530 M, Raja Sumedang Larang Ka 7. nikah ka Sunan Corenda (Sunan Parung) Raja Talaga Manggung Majalengka, puputra :


- Nyi Mas Ratu Inten Dewata digelaran Ratu Pucuk Umun ditikah ku Pangeran Santri / Kusumadinata I (Raden Solih) putrana Pangeran Muhammad bin Pelakaran ti garwana Nyi Armillah, Masa Pamarentahan 1530 -1578 M, Raja Sumedang Larang Ka 8, puputra : 

1. Prabu Geusan Ulun / Pangeran Kusumadinata II / Pangeran Angkawijaya, masa pamerentaaan 19 Juli 1556 - 1610 M, Raja Sumedang Larang ka 9. 
2. Demang Rangga Hadji 
3. Kiyai Demang Watang 
4. Santowaan Wirakusumah 
5. Santowaan Cikeruh 
6. Santowaan Awiluar


Silsilah Pangeran Santri (Raden Sholih) dumasar Nasab  / Dzuriah ti Garis Rama :


1. Pangeran Santri/Raden Sholih/Ki Gedeng Sumedang/Pangeran Kusumahdinata 1 

2. Pangeran Muhammad Palakaran (Pamelakaran) / Maulana Muhammad. 
3. Pangeran Panjunan Cirebon / Sayyid Maulana Abdurrahman. 
4. Syekh Datul Kahfi / Syekh Nurjati / Maulana Idhofi Mahdi (Ki Samadullah) 
5. Syekh Datul Ahmad. 
6. Syekh Sayyid Maulana Isa bin Ahmad 
7. Syekh Sayyid Ahmad Syah Jalaluddin. 
8. Al Amir Abdullah Azmatkhan 
9. Sayyid Abdul Malik
10. Sayyid Alawi Ammil Al Faqih 
11. Sayyid Muhammad Sohib Mirbath 
12. Sayyid Ali Kholi' Qosam
13. Sayyid Alawi Ats-Tsani
14. Sayyid Muhammad Sohibus Saumi'ah)
15. Sayyid Alawi Awwal
16. Sayyid Al-Imam 'Ubaidillah
17. Sayyid Ahmad al-Muhajir
18. Sayyid 'Isa Naqib Ar-Rumi 
19. Sayyid Muhammad An-Naqib
20. Sayyid Ali Al-Uraidhi
21. Sayyid Ja'far ash-Shadiq
22. Sayyid Muhammad al-Baqir 
23. Sayyid 'Ali Zainal 'Abidin 
24. Sayyid Husain Asy-Syahid
25. Sayyidah Fatimah Az-Zahra nikah ka Sayyidina Ali r.a. 
26. Nabi Muhammad SAW.
Allahumma shalli ‘alaa nabiyil Thaahir hujatullah wa rahmatan lil ‘alaamiin wa nuural basyiirul mubasyirul li ahli baytihi bimaa qaalaallahul-‘adzhiim

Innamaa yuriidullahu ilyudz hiba ‘ankumul rijsa ahlil baiti wa yuthah-hirukum tathhiraan Qul laa ‘as alukum ‘alayhi ajran illal mawadata fil qurbaa

Allahumma aslih bihal imaama wa ahlil bayti wal ummah wal muhibbina lahum war raa’iya war ra’iyyata wa yu-allifu baina quluubihim wad fa’ syarra ba’dzihim ‘an ba’dhin wa ‘alaa aalihi wa shahbihi wa sallam tasliiman katsiiraan.


Allahumma yaa daaimal fadli 'alal bariyyah yaa baasithal yadaini bil'athiyyah yaa shaahibal mawahibissaniyyah sholli 'alaa sayyidina Muhammadin khoiral waraa sajiyyah waghfir lii yaadzal 'ulaa fii haadzihil 'asyiyyah.



Silsilah Pangeran Santri (Raden Sholih) Dumasar Garis Keturunan Sunda - Galuh


1. Prabu Lingga Buana / Prabu Ragamulya Luhurprabawa (Prabu Maharaja) nikah sareng Dewi Lara Lisning, puputra :

2. Prabu Niskala Wastukancana / Prabu Anggalarang (Prabu Wangsisutah) ti istrina Lara Sarkati atanapi Nay Ratna Sarkati, puputra ::
3. Prabu Susuktunggal / Sang Haliwungan, puputra :
4. Raden Amuk Marugul puputra :
5. Raden Agung Japura puputra :
6. Nyi Raden Matangsari nikah sareng Pangeran Panjunan Cirebon, puputra :
7. Pangeran Muhummad nikah sareng Nyi Armilah, puputra :

8. Pangeran Santri Pangeran Santri / Kusumadinata I (Raden Solih) / Ki Gedeng Sumedang.



6. Tangkal Hanjuang Nu Jadi Carita Lambang Kajayaan Karaton Sumedang Larang di Kutamaya


Dina masa pamarentahan Prabu Geusan Ulun aya hiji peristiwa nu penting, numutkeun Pustaka Kertabhumi I/2 (h.70) nyaeta peristiwa Harisbaya nu terjadi taun 1507 saka atanapi 1585 M. Peristiwa ieu dikawitan nalika Prabu Geusan Ulun wangsul guguru / masantren ti Demak sareng Pajang, nu singgah di Karaton Panembahan Ratu (Pangeran Girilaya) panguasa kasultan Cirebon,  nalika Prabu Geusan Ulun nuju natamuan di Cirebon, Prabu Geusan Ulun tepang deui sareng Ratu Harisbaya isteri ka dua Pangeran Girilaya nu masih anom sareng geulis keneh. 

Harisbaya puteri ti katurunan Pajang Madura nu didahupkeun ku Arya Pangiri panguasa Mataram ka Pangeran Girilaya Kasultan Cirebon. Didahupkeunna Harisbaya ka Panembahan Girilaya ku Arya Pangiri supaya Panembahan Girilaya sikepna netral ku margi saatos Hadiwijaya raja Pajang wafat, kajantenan parebutan kakuasaan antara kaluarga keratin Pajang nu didukung ku Panembahan Girilaya kahayongna nu ngagentos Pangeran Hadiwijaya nyaeta Pangeran Banowo putra bungsuna, ngan pihak kaluarga Trenggono di Demak kahoyongna Arya Pangiri putra Sunan Prawoto sareng minantu Hadiwijaya nu janten pangentosna, nya ahirna Arya Pangiri  nu neraskeun  kakuasaan di Pajang.


Salami guguru di Demak Prabu Geusan Ulun diajar elmu kaagamaan, sedengkeun di Pajang guguru ka Hadiwijaya diajar elmu katata-nagaraan sareng elmu peperangan, salami guguru di Pajang ieu, Prabu Geusan Ulun tepang sareng Harisbaya ngajalin hubungan kakasihan mung ahirna hubungan kakasihan ieu putus ditengah jalan, kumargi Harisbaya dipaksa kedah nikah ka Pangeran Girilaya ku Arya Pangiri. 


Aya kamungkinan saatos mulang guguru ti Demak sareng Pajang Prabu Geusan Ulun singgah heula di Cirebon kanggo masihan ucapan salamet ka Pangeran Girilaya waktos patikahanna sareng Harisbaya nu sakantenan nepangan mantan kakasihna.


Ninggali mantan kakasihna sumping, rasa rindu sareng cintana Harisbaya ka Geusan Ulun timbul rasa sono kacida, Waktos Pangeran Girilaya nuju kulem, Harisbaya rerencepan angkat ka tajug keraton dimana Prabu Geusan Ulun nuju istirahat, salajengna Harisbaya ngabujuk ka Prabu Geusan Ulun sangkan ngaboyong dirina ka Sumedang, harita Prabu Geusan Ulun bingung kumargi Harisbaya istri pamanna nyalira, sedengkeun Harisbaya ngancam bade bunuh diri mun teu dicandak ka Sumedang, nya Prabu Geusan Ulun nyuhunkeun nasehat ka opat pangiringna, akhirna dina wengi eta Harisbawa diboyong ka Sumedang.


Enjingna keraton Cirebon gempar, sabab permaisuri Harisbaya teu aya sareng nu na tamuna, terangeun istrina teu aya di Karaton Panembahan Girilaya marentakeun prajuritna pikeun ngudag, tapi prajurit bayangkara Cirebon nu nyusul rombongan Geusan Ulun,  kawon ku opat pangiring Prabu Geusan Ulun. Akibatna tina paristiwa Harisbaya ieu kajantenan perang campuh antara Sumedang sareng Cirebon. Jaya Prakosa sareng wadya baladna mangkat bade ngarurug wadya balad Pasukan Cirebon, Mung sateuacanna Jaya Prakosa ngadahup heula ka Prabu Geusan Ulun, yen Jaya Prakosa melak tangkal Hanjuang di Kutamaya  nu janten ciri,  wasiatna saupamina Jaya Prakosa  pupus tangkal hanjuang eta bakal layu, kitu deu upami Jaya Prakosa kenging dina peperangan atanapi hirup keneh, tangkal hanjuang eta oge hirup keneh.




Saatos wasiat Jaya Perkosa sareng wadya balad Sumedang larang mangkat ka medan peperang ngarurug wadya balad Cirebon, ngan ku margi wadya balad Pasukan Cirebon langkung seueur,  peperangan lumangsung lami pisan, mung peperangan eta dimenangkeun ku Jaya Prakosa, dipihak lainna Nangganan, Kondang Hapa sareng Terong Peot baralik ti payun ti medan peperangan ka Kutamaya, sedeungkeun Jaya Prakosa teras ngudag pasukan Cirebon anu tos tunggang langgang (cerai berai).

Di Kutamaya Prabu Geusan Ulun ngantosan Jaya Prakosa ku rasa guligah tur tugeunah manah, kusabab anjuran Nangganan nu nyangki senapatina Jaya Prakosa disangka gugur dina medan peperangan, nya nyarankeun Prabu Geusan Ulun enggal ngungsi ka Dayeuh Luhur tanpa ninggali tangkal hanjuang hirup kenep atawa heunteuna. Ti harita Ibukota Sumedanglarang dialihkeun ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur.


Kaputusan Geusan Ulun ngalihkeun pusat pamarentahan ke Dayeuh Luhur saleresna ngarupakeun strategi perang anu logis ku nalar anu sehat sareng gampil dipahamina. Kahiji, dina situasi gawat ngahadapi sagala kamungkinan datangna serangan pasukan Cirebon, kadua benteng Kutamaya nu ngurililingan Ibukota Kutamaya teu acan rengse diwangun, katiluna Dayeuh Luhur di puncak Gunung Rengganis, ngarupakeun benteng alam nu hade,  dimana pasukan Cirebon sumping ka daerah inu tangtuna bakal gampil dilawanna.






Makam Pangeran Geusan Ulun di Dayeuh Luhur Desa Ganeas
Sabada Jaya Prakosa sareng wadya balad wangsul ti peperangan ka Kutamaya ku kameunangan peperangan ngalawan pasukan kasultanan Cirebon, tapi pas sumping ka Kutamaya, Jaya Prakosa ngaraos heran sabab Ibukota Sumedanglarang tos suwung sedengkeun tangkal  hanjuangna masih hirup keneh,  ahirna Jaya Prakosa nyusul ka Dayeuh Luhur, saatos tepang sareng Prabu Geusan Ulun, Jaya Prokosa bendu sareng kuciwa kunaon  Prabu  Geusan Ulun ninggalkeun tanpa ninggal tangkal hanjuang heula, sasuai wasiatna Jaya Prakosa Ka Prabu Geusan Ulun.  Prabu Geusan Ulun nerangkeun yen ngalihna Ibukota ku sabab anjuran ti Nangganan, kukituna Jaya Prakosa keuheul ka Nangganan kusabab ngaraos dikhianati ku dulurna sorangan, dugi Nangganan ditelasan,  sareng ninggalkeun Rajana kitu deui Sumpah moal ku mawula deui ka Prabu Geusan Ulun. 

Ngadangu kabar ti Cirebon yen pangeran Girilaya bade nyeraikan Harisbaya, ku margina gegentosna talaq daerah Sindangkasih dipasrahkeun ka Cirebon. Ahirnya Prabu Geusan Ulun resmi nikah ka Harisbaya.


Sateuacan nikah ka Harisbaya, Prabu Geusan Ulun tos kagungan istri nyaeta Nyi Mas Gedeng Waru puterina Sunan Pada ti Sindangkasih, ti istri kahiji, puputra nyaeta :

1. Pangeran Rangga Gede
2. Arya Wiraraja
3. Kiai Rangga Gede
4. Kiai Patrakelasa
5. Ngabehi Watang
6. Arya Rangga Pati Haur Kuning
7. Nyi Demang Cipaku
8. Nyi Mas Ngabehi Martayuda
9. Nyi Mas Rangga Wiratama
10. Rangga Nitinagara
11. Nyi Mas Rangga Pamande.
12. Nyi Mas Dipati Ukur
13. Pangeran Dipati Kusumahdinata
14. Pangeran Tegal Kalong

Ti istri kadua Prabu Geusan Ulun nyaeta Nyi Mas Pasarean puputra :

15. Nyi Mas Demang Cipaku

Sedangkeun  ti Ratu Harisbaya istri ka tilu  Prabu Geusan Ulun nyaeta :

16. Pangeran Suriadiwangsa, putra terena Prabu Geusan Ulun anu pupus di Mataram, sabada meruhkeun Sampang – Madura.

Paristiwa panobatan Prabu Geusan Ulun sebagai Cakrawarti atanapi Nalendra ngarupakeun kabebasan Karajaan Sumedang upaya ngajajarkeun diri sareng kasultanan Banten sareng Kassultan Cirebon. Arti penting nu dikandung dina peristiwa eta nyaeta yen Sumedang janten ahli waris sareng  panerus nu sah kakuasaan Kerajaan Pajajaran di Bumi Parahiyangan. Pusaka Pajajaran sareng sababaraha atribut karajaan nu dicandak ku Senapati Jaya Prakosa ti Pakuan jadi dasar dijadikeun bukti sareng alat legalisasi kakuatan Sumedang, sami halna sareng pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Demak sareng Mataram.



7. Carita Folklore Gunung Pancar Bogor


Kasebut dina Babad Pajagan (Paku DangHyang Pangjagaan) nu kasebat Hyang Ambu atawa Nay Mas Maya-Hyang Kusumah (Mayang Kusumah) tedak terah Pajajaran Tengah, putri bungsu ti lima putra-putri Prabu Batara Kusumah nu linggih di Kabataraan Pajajaran ~ Gunung Pancar Buana, nu limaan téh nyaéta :

1. Layang Dikusumah / Mbah Gedé, mangku kalungguhan Guru Wisesa kalayan gelar Ki Ajar Gedé.
2. Jaya Kusumah, kapeto kawasa jadi Kandaga Lanté Pajajaran kalayan gelar Prabu Jaya Prakosa / Mbah Jaya Perkosa.
3. Raksa Kusumah (Saburakna Pajajaran taya laratan)
4. Ni Mas Lénggang Kusumah (saburakna Pajajaran taya laratan)
5. Ni Mas Mayang Kusumah.

Kasebut ogé dina carita Folklore kolot ti Bogor ngeunaan Gunung Pancar : Waktu Pajajaran burak, Éyang Jaya Perkosa katut para Kandaga Lanté kapetengan séjenna : Éyang Batara Pancar Buana / Mbah Térong Péot putra Ajar Gunung Pancar, Éyang Kondang Hapa / Nangganan jeung Éyang Wira Dijaya hasil nyalametkeun Makuta Binokasih lambang kaagungan Pajajaran anu hasil rembugan sapuk mudu dibawa ngalolos ka wilayah Sumedang nu harita kasebutna netral, ku kitu réya Panggedé Pajajaran nu ngalolos ka Sumedang najan dina milih waktu tur ngabaladah jalan béda-béda ku kaayaan harita nu keur meujeuhna harénghéng, teu puguh mana bégal mana musuh ceuk carita Éyang Jaya Perkosa ogé hasil ngumpulkeun sabagéan Kulawargana nyaéta Ki Ajar Gedé tur rai bungsuna Ni Mas Mayang Kusumah nu harita kakara parawan kapalang rombongan nu dipingpinna raraga nyalametkeun Lambang Kaagungan Pajajaran supagi teu ragrag ka leungeun musuh harita milih jalan ngidul, manyisian ka basisir sagara Kidul sakumaha kayakinan Urang Pajajaran harita yén Kidul jadi panumplekan harepan tur hiji-hijina jalan panglolosan.


Gunung Pancar nu aya diwewengkon Desa Karang Tengah, Kacamatan Citeureup ~ Bogor ngawengku kana Tilu Kampung Buhun : Ci Mandala, Karang Tengah jeung Wangun, sanajan ku kiwari mah sabagéan réya masarakatna geus nurutan hirup modern teu cara Kampung Tangtu Teulu di Kanékés. Gunung Pancar baheulana katelah Gunung Pancar Buana, mangrupa Mandala Ka-Batara-an di wilayah Pajajaran Tengah.


Nu ngalolos téh malibir ngidul, da sacara strategi perang ogé atuh geus kagambar seug nagara Pajajaran harita sasat dirurug tur diraponan ku gabungan tilu pasukan Éslam : Surasowan (Banten) ti beulah Kulon, Cirebon datang ti beulah Kalér, ari Demak ti Wétan, tangtu nu ngungsi ti nagara moal kamana deui losna iwal ti ka Kidul, han di Kidul disampakeun Sagara nu ombakna umpalan, ting jelegur sagegedé saung, atuh lain ojayaneun jalma atah-atah, antukna rombongan pangungsi dibagi sababaraha bagéan, sakumaha nu kacatur ogé dina Uga Wangsit Siliwangi nu kurang leuwih nyebutkeun kieu : "nu rék balik deui ka urut nagara jig geura ngalér, nu rék biluk kanu keur jaya (maksudna Éslam Demak & Cirebon) geura ngétan, nu rék nuturkeun lacak Ki Santang jig geura ngulon, nu rék satia satuhu ka Kaula nya ngidul, ngan mudu wayahna lara balangsak"


Ari caritana di sisi basisir, pasukan Bala-Ra Pati (pasukan inti pangawal kulawarga Raja) nu diwangun ku 3 pasukan dikerahkeun pikeun nyieun 3 rakit keur meuntas sagara maksudna ngungsi ka Nusa Sanghyang (ayeuna Pulo Cristmast - Ustrali).


Kulawarga raja sarta harta karajaan anu sempet kasalametkeun ditaékeun kana rakit tiheula bari dikawal ku sapasukan Bala-Ra Pati.


Anu dua pasukan deui ditugaskeun ngajaga bisi aya musuh nu ngudag bisa nyusud tapak tepi ka dinya, supaya kulawarga raja aya awahan waktu kaburu jauh ngalolos. 


Ari Gusti Prabu nu mutuskeun teu tulus milu ngalolos dibarengan ku tilu urang patih satiana mutuskeun pikeun mubus ka leuweung Sancang, sedengkeun 2 pasukan nu ditugaskeun ngajaga bisi aya musuh nu nyusul, sanggeus 3 rakit rombongan kulawarga raja teu témbong deui laju laleumpang ngulon keur siasat miceun salasah, muru ka Ujung Kulon, nya didinya netep di wewengkon nu kiwari disebut Rawayan nu hartina "Turunan / rundayan", pantes urang dinya kawentar garalak da turunan Pasukan Balara Pati Pajajaran, seug ari tempat nyieun rakit tadi disebut Palabuhan Ratu, aya Karang Hawu tapak mirun seuneu.


Malikan rombongan ti Ka-Batara-an Gunung Pancar anu dipingpin ku Embah Jaya Perkosa katut 3 Kandaga Lanté séjénna, sarua ngalolos ngidul, laju malibir ngétan nyusul tapak Gusti Prabu, panyana nu dituju ku Gusti Prabu téh Sesepuh Pajajaran nyatana Gusti Prabu Layaran Wangi (Sunan Ruménggong) nu aya di Limbangan, padahal Gusti Prabu mutuskeun pikeun tatapa geusan moksa di Sancang.



Atuh sadatangna ka Limbangan Gusti Prabu teu kasampak. Kadatangan rombongan ti Pajajaran Tengah teu wudu matak sahéng sa-Limbangan, Sunan Ruménggong salaku sesepuh ngeprak sawatara Panggedé nagara bawahan Pajajaran nu masih kénéh satia, nya laju barempagan geusan nyawalakeun pigeusaneun lalakon ka hareupna, ti dieu carita nyambung kana Babad Limbangan, anu lebah dieu kuring teu apal eusi carita sagemblengna, ku kitu moal rék nyanyahoanan guar carita, kajaba saeutik nu kasabit dina galur carita Babad Pajajagan nu baris dicaritakeun dina hanca galur carita nu satuluyna. 


8. Lalakon Layang Kusumah Sareng Mayang Kusumah

Dina babad Sumedanglarang nu teu ka cutat dinu sajarah, mangsa jaman Prabu Geusan Ulun. Saperti carita rayat (floklore) Babad Pajagan Dusun Cicau Desa Pajagan Kecamatan Situraja nyaeta Layang Dikusumah atanapi Ki Ajar Gede (Mbah Gede) sareng rayina Mayang Kusumah Sanghyang Ambu (Eyang Ambu),  Babad Situraja Buyut Merah, Babad Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan Sutra Ngumbar, Sutra Bandera, Sutra Mulud, Carita Rayat Ki Sukawayana nyaeta Rd. Aji Mantri sareng putrana Santowan Jagabaya di Nangtung jsb, nu teu acan kagaluar sadayana mangsa Nagara Pajajaran Burak kualatan ayana parebutana tahta dina jero kulawargana keneh.


Ka sebut dina Babad Carita Pajagan (Pangjagaan) ngeunaan salah sawios tokoh anu ka telahna Mayang Kusumah atanapi Sanghyang Ambu  (Eyang Ambu), mantena rayi Layang Dikusumah atanapi Ki Ajar Gede (Mbah Gede) rai-raka sareng Jaya Prakosa ti Pajajaran nu ngiring sareng rombongan 4 Kandaga Lante basa masrahkeun Makuta ka Sumedang. Nyi Mas Mayang Kusumah, kacarioskeun anjeunna masih parawan kapalang basa kedah lunta ti Pajajaran ngiring sareng ingkang raka-rakana, rombongan 4 Kandaga lante alatan nagara burak - Pajajaran runtag, ari jalan anu ditempuh ku rombongan malibir mapay sisi basisir laut kidul, awalna ti wilayah Jampang kulon (Pulosari)  tempat panungtungan Prabu Nila Kendra, lungsur uga wangsit, tapak tilasna ayeuna janten "Jalan Lintas Selatan" ti Pandeglang (Karaton Pulo Sari baheula) ka Jampang teras Sancang teras Garut (tapakna di Limbangan Garut aya Situs Pangeureunan, tempat istirahatna wadya balad Pajajaran) parat ka Batu Karas, malibir ka pasisian kidul sasat ngahaja nyingkahan pasukan musuh nu harita ngarurug nagara gabungan Demak - Cirebon - Surasowan Banten, maksad bade nepangan salah sawios sesepuh Pajajaran anu mukim di Limbangan nyatana Sunan Rumenggong (Prabu Layaran Wangi atanapi Bujangga Manik) anu di pancenan ngadegkeun Nagara Kerta Rahayu (Nagara Darurat) Limbangan Garut. 


Opat Kandaga Lante maksad nyuhungkeun kamandang saran bongbolongan bubuhan Sunan Rumenggong hiji sesepuh nu jembar luang pangalamannana, nya di dinya cariosna gelar sawala anu hasilna mufakat para sesepuh nyatujuan Makuta dipasrahkeun ka Sumedang najan teu saeutik anu teu saluyu tur ngaragukeun kana kasanggupan Sumedang geusan neruskeun tongkat estapet Kajayaan Pajajaran, tapi bahasa para sesepuh :


Cariosna di Limbangan Nyimas Mayang Kusumah tepang sareng saurang jajaka turunan Sri Batari Hyang ti Galunggung, duanana papada katarik geter simpati abong papada keur meujeuhna sengserang panon, sahingga eta jajaka ngiring sareng rombongan ka Sumedang, ku sabab perwatekna eta jajaka nu teuneung ludeung, leber wawanen tur parigel dina olah kanuragan sahingga digelaran Kadiran (wanian), nalika Patih Jaya Perkosa dipaparinan pancen masrahkeun serat talaq Ratu Harisbaya ka Pangeran Giri Laya Cirebon, Patih Jaya Prakosa ngatur siasat keur ngajaga sagala kamungkinan, diantarana nyusun pasukan anu dipingpin ku Eyang Terong peot, Eyang Nangganan sareng Eyang Wirajaya di wewengkon Tomo bisi Cirebon malik ngarurug Sumedang, salian ti eta Patih Jaya Prakosa ngayakeun Barisan Pangjagaan ku nyiapkeun Pasukan di wilayah Pajagan kanggo ngamankeun Eyang Gusti Sunan Pada (mertua Prabu Geusan Ulun) anu asalna mangkuk di makam Waru - Karedok diamankeun ka tonggoh ka wilayah anu disebat Pageur Ageung sagedengeun Gunung Cangkuang - Kendal sareng Gunung Jayagung.


Mbah Gedé (Layang Dikusumah) lungsur deui ka Eyang Kadiran (Carogé Nyimas Mayang Kusumah) mangsa mingpin pasukan Barisan Pangjagaan Pager Ageung keur ngamankeun Sunan Pada (Mertua Eyang Prabu Geusan Ulun) tina ancaman pasukan Cirebon tur sagala kamungkinan nalika Eyang Jaya Perkosa ngélék pancén ngajukeun talak Ratu Harisbaya ka Cirebon, nya Eyang Gusti Sunan Pada dipundut ngalih ti Padépokan Waru (Karédok), dialihkeun ka tonggoh ka wewengkon nu geus disayagakeun nu disebut Pager Ageung (Kiwari Cisahang), antara Kendal Gn. Jayagung Gn. Cangkuang jeung Gn.Leutik.


Ieu Barisan Pangjagaan dijieun 3 Lapis :

1. Pageur Ageung (Pangjagaan) dipingpin ku Ki Ajar Gede (Prabu Layang Dikusumah) salaku Panglima Jurit (Komandan Kompi). Eyang Kadiran salaku Hulu Jurit (Komandan regu) didamping ku Sanghyang Ambu anu harita tos janten garwana. Eyang Perbu ditugaskeun di Kendal, Buyut Purugul di Gunung Cangkuang, Eyang Kaula Jaya Kula Maya di Cipipisan tur Embah Suba di Gubrul.
2. Jami Bakih (Cilopang) dipingpin ku Embah Sacadinanga, Buyut Kalong jeung rengrengannana.
3. Pager Rucukan (Situraja) dipingpin ku Buyut Merah jeung rengrengannana


9. Lalakon Jaya Prakosa Liren Ulun Kumawula (Versi Cipancar)


Versi Dayeuh Luhur ngisahkeun : "Yen Mbah Jaya Prakosa saparantosna nyeceubkeun iteuk teh ngalambangkeun kabenduan manahna, sareng ngecagkeun kaluuhanna nu janten Senapati Sumedanglarang, ulun kumawula atanapi ngabdikeun diri ka Nalendra Sumedanglarang mung dugi seumet harita, saparantos kedal nyarita kitu sareng kajantenan nancebkeun iteuk mbah Jaya Prakosa ngahyang atanapi ngaleungit".


Sedengkeun versi Cipancar kisahna : "Ngahyang teh pikeun ngaleungitkeun tapak supados anjeuna teu dipilarian deui pami dianggap ngahyang mah, padahal salira Mbah Jaya Prakosa lumungsur ka Cigobang ngadehes atanapi seja amitan ka Ratu Tjukang Gedeng Waru Prameswari Prabu Geusan Ulun putrina ti Sunan Pada Karedok, saparantos amitan ka Gusti Ratu Tjukang Gedeng Waru lajeng anjeunna ngajugjug Kampung Baginda anu aya di wewengkon Cipancar Sumedang Selatan”.


Patarosan Simkuring : “naon nu janten ku lantaran mbah Jaya Prakosa ngajugjug ka kampung Baginda?” 


Saur Kuncen sepuh ngawaler : “yen di kampung Baginda baris nepangan turunan Prabu Siliwangi anu terakhir ti Surya Kencana,  di antarana seja nepangan mbah Sutra Ngumbar, mbah Sutra Bandera”.   


Lajeng anu ngabentenkeun sajarah numutkeun versi Cipancar teh saparantos dianggap ngahyang Embah Jaya Perkasa teh saleresna mulih deui ka mbah Sutra Ngumbar, mung salirana nyurup sareng urang lembur supados teu katangen ku ti karajaan Sumedang larang.


Waktos harita simkuring oge tumaros deui : “nembe ayeuna abdi ngadangu pedaran sajarah ieu mah?” 


Kuncen ngawaleur : "Saenyana kawit kuncen sepuh ti kapungkur oge mahing pikeun medar ieu sajarah, naon sababna? apanan atos dipedar tadi oge mbah Jaya Prakosa nyurup sareng urang lembur anu hartosna nyumput buni dinu caang, nembrak bari teu ka tembong, lamun kuncen medar ieu lalakon sami sareng ngabejer - beaskeun atanapi nenggrakkeun panyumputanna mbah Jaya Prakosa". 


Lajeng abdi oge tumaros deui : “Naha ka abdi dipedarkeun ieu lalakon?” 


Saur Kuncen : “Lantaran kedah apal kana lalakon Karuhun Sumedang, bisi umur abah pondok jadi geus katepikeun kahidep, mung kumaha saupamina abdi gaduh emutan ngadugikeun ieu lalakon ka wargi-wargi Sumedang? Abah teu bisa ngajawab palebah eta mah, lamun gaduh tekad kitu mah jug geura wudhu, wayahna peuting ayeuna salira ngendong di makamna, sok tepikeun pamaksadaan salira eta, omat anggo tatakrama ziarahna supaya ulah mengpar jeung ajaran Agama Islam, muntang kanu Maha Kawasa mugia ulah janten matak saupamina salira medar ieu lalakon ka umum.”. 

(Kuncenna ayeuna tos almarhum digentos ku putrana).

Saur kang Wisahya, Drs : “Saupami nengetan caritaan versi Darmaraja, ieu versi Cipancar hampir mirip kirang langkung kieu, anu masrahkeun mandat karajaan Pajajaran ka Sumedanglarang, rombongan dipupuhuan ku mbah Jaya Prakosa, salaku Komandan pasukan harita nyaeta mbah Nangganan, disarengan ku mbah Terong Peot sareng mbah Kondang Hapa. Mbah Sayang Hawu, salajengna disebut mbah Jaya Prakosa tepi ka ayeuna, gelar eta dipibanda ku mbah Sayang Hawu basa perang jeung Caruban. Mbah Nangganan ngaluluguan pindah ti Kutamaya ka Gunung Rengganis pikeun nyalametkeun Naledra Sumedanglarang, nu ayeuna disebut Dayeuh Luhur, ku lantaran mbah Nangganan teu tigin janjina kana siloka Hanjuang Hegar.


Saur mbah Sayang Hawu (Jaya Prakosa), "Mun Hanjuan Perang tandana Kami kasoran, Pek ku maneh Raja jeung rahayat salametkeun, Tapi lamun hanjuang tetep hegar, maneh teu kudu hariwang caricing wae di dieu". Mbah Nangganan ditelasan ku  Sayang Hawu (Jaya Prakosa) alatan mawa pindah Raja ti Karaton Kutamaya ka Gunung Rengganis Mbah Terong Peot sareng mbah Kondang Hapa terus babakti ka Prabu Geusan Ulun dugi rengsena. Mbah Jaya Prakosa turun ka Baginda nuturkeun salah sahiji pangagung Pajajaran nu milu jeung rombongan, ngan teu ngiring nalika pindah ka Kutamaya, nyaeta Sutra Ngumbar. Tapi Jaya Prakosa tetep nalingakeun nalendrana karajaan Sumedanglarang anu Raja Nalendrana Prabu Geusan Ulun, ngan teu campur di Karaton pangpindahan di Dayeuh Luhur, dugi ka rengsena. Makam Sayang Hawu (Jaya Prakosa) ayana di Cipancar kacamatan Sumedang Selatan, lain anu di luhur Gunung Curi (Dayeuh Luhur) nu Tetengger Tunggal, da eta mah tos aya ti payun disebutna Kabuyutan atanapi mandala Gunung Rengganis”.  


Hatur punten kumargi abdi mung ngadangukeun, teu kaserat sadayana pedaran lalakon versi Cipancar, mung garis ageungna kitu, kirang sareng langkung neda tawakup wae, bilih aya lepat hapunten anu kasuhun, Abdi medar ieu lalakon teu aya sanes mung saukur hoyong terang sareng ngadugikeun, kanggo ngalengkeupan "Wawasan Sajarah Lokal Sumedang", leres atanapi heunteu na mah, mangga nyanggakeun kasadayana wae. 


=========

Referensi Bahan Uar Babad :
- Wikipedia.com
- Blog Museum Prabu Geusan Ulun "Yayasan Pangeran Geusan Ulun" (YPS)
- Rucatan Budaya Sunda Kadarmarajaan, WD Dharmawan Ider Alam Ki Wangsa.
- Penelitian Situs Budaya Makam Raja-raja Galuh, Tembong Agung dan Sumedang Larang di Sumedang, RWS 2004.
- Nyukcruk Situs, Makam dan Sejarah Sumedang Tembong Agung dan Sumedang Larang.




1    
LAMPIRAN SILSILAH KETURUNAN KERAJAAN GALUH





















Posting Komentar

0 Komentar