Ticker

6/recent/ticker-posts

Situs Makam Dalem Surya Tani di Dusun Karapyak Kelurahan Situ Kecamatan Sumedang Utara

Sampurasun.
Nyoreang lampah mangsa katukang, ku cara nalungtik tapak lacak karuhun mukakeun tutungkusan nu geus lawas di teundeun di handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang kiwari geus mangsana di hudang wayahkeun ku urang salarea utamina nu aya dilingkungan Kacamatan Sumedang Utara, anu seueur pisan, supados teu laas sinareng ka giles ku jaman.

Teu ngirangan rasa miwah hormat ka para sesepuh sareng kasadayana.

Penelusuran Panguatan PSB Kecamatan Sumedang Utara di Kelurahan Situ aya salah sawios makam tua nyaeta Eyang Dalem Suryatani nu lamgki kaguar sajarahna, sateng makam Eyang Bentang di Pamakaman Umum Cilengkrang.

Kaleresan simkuring ti pun biang mah sekeseler ti dusun Karapyak, simkuring nembe tadi angkat sareng TIM PSB Sumedang Utara, nyusuri deui tapak sajarah Dalem Suryatani nu aya di lingkungan Dusun Karapyak Kelurahan Situ. Mung ayeuna mah tos repek ku bumi, nangging alhamdulillah makam Dalem Suryatani masih aya makamna.

Numutkeun katerangan Juru Kunci Edi Junaedi putrana Ibu Tita (nu ngantos juru kunci sateuacana ramana alm), kawitna makam Dalem Suryatani batu balayna ku batu balay biasa, kitu deui abdi masih inget sok sanaos nuju alit da sering ka lembur pun Aki & Nini, mung jalaran bilih makam Dalem Suryatani ka sedekekeun ku pamukiman nya dileresken tina pangumpulan dana swadaya di lingkungan karapyak sareng anu ziarah tawassul ka Makam Dalem Suryatani.

Katerangan ti para sepuh anu araya di lingkungan dusun Karapyak Kelurahan Situ Kecamatan Sumedang Utara makam Dalem Suryatani mah tos aya ti kapungkurna, ti jaman Uyut simkuring oge tos aya di patempatan Makam di dusun Karapyak, kapungkur mah sateuacan repek ku lingkungan pamukiman di palih dinya ngarupikeun kebon awi sareng tatangkalan, ayeuna mah tos padet ku pamukiman.

Al hasil panulusuran awal simkuring sareng Ambu Hanjuang (PSB Sumedang Utara). Aya katerangan sakedik Dalem Suryatani aya rerehan keneh (katurunan) ti Rd. Surya Kancana Cianjur, mung duka rundayan nu ka sabaraha na mah, ku margi floklore na oge teu ka guar. 

Manawi sesepuh aya sakedik katerangan ngeunaan Dalem Suryatani. Numutkeun katerangan nami asli anjeunna Surya Nata Kusumah. 


Tapi nami Dalem Suryatani oge kacutat dina silsilah gen k3 11 ti Pangeran Santri, nyaeta :
1.1.1.5.2.1.9.5.3.5.2 NR. Murtiningrat. 
1.1.1.5.2.1.9.5.3.5.2 X 1 Dlm. Adp. Suryanata Kusumah
1.1.1.5.2.1.9.5.3.5.2.1 Rd. Suryalaga 

1.1.1.5.2.1.9.5.3.5.2 X 2 Rd. Dmg. Adiwidjaja III, (1.1.1.4.1.6.1.1.1.2.2)

Na kumaha sarsilah saleresna???






Juru Kunci Makam Dalem Suryatani : Edi Junaedi
Dusun Karapyak 09 / 06 Kelurahan Situ Kecamatan Sumedang Utara.



Potensi Desa Karapyak Kelurahan Situ.

Dusun Karapyak awalna ngarupikeun daerah pamukiman asli sekeseler dusun Karapyak, kapalih wetan na kapungkur aya Gudang Minyak, Gugunungan (kiwari oge masih aya, rundayan Pa Surawijaya) aya oge tanah katurunan kangjeng Dalem pangeran anu tos diirical caket Unsap ayeuna, kantos. Kaplih kulonna pasawahan. Kiwari ku ayana daerah pendidikan Unsap sareng aya jalan lingkar nu ngahubungkeun ti Polres dugi bunderan. Lingkungan dusun Karapyak tos padet seueur pamukiman pandatang anyar, anu ngadaramel bumi, pasantrenan, tempat kost-kostan jsb di lingkungan dusun Karapyak pacampur sareng warga asli lingkungan dusun Karapyak. Desa karapyak kapungkurna ngarupikeun potensi daerah pertanian anu dibajak ku sapi atawa munding, potensi olahan rayat ampir sami sareng daerah nu sejenna (ciri sabumi sadesana) di kabupaten Sumedang aya : opak, wajit sareng bugis jrrd,

Hana nguni hana mangke
tan hana nguni tan hana mangke
aya ma beuheula aya tu ayeuna
hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna
hana tunggak hana watang
tan hana tunggak tan hana watang
hana ma tunggulna aya tu catangna.

Hanteu Hindu lain Buda
jeung hanteu saukur Sunda susundaan
Nyaring pikir hudang rasa
ngaping kahayang kaéling
dihibaran ku kasadaran
amparna sabar dharana jembar permana

Lain munjung muja ka batu
muji mupusti nu lain misti
tapi Munjung kanu Maha Agung
Muji kanu Maha Suci
Muja kanu Maha Kawasa
dibarengan Pancer tunggal kayakinan
"Karuhun marengan ~ Gusti nangtayungan"

Sanés munjung ka Batu, muja kanu Padung...
Sanés Nyembah Kana Ka’bah, Munjung Ka Nu Agung, 
Nyembah Ka Nu Kawasa Hyang Murbahing Jagat Raya Rabbul’alamiin.

Runtuyan Getih Moal bisa Robah, Runtuyan Elmu Pangaweruh Anak-Incu Bisa Robah-robah.

Tutunggul simbul elmu luluhur kapungkur Lain, Sumbuh-sembah kana Batu tapi simbul-Siloka ditunda dina Tutunggul Bacaeun!, Hartikeuneun anak-incu, Papat Kalima Pancer, Elmuna Masagi, Teteg-Panceg, Sa-Aji, Sa-Pangarti dina Enggoning Ngabdi Ka Gusti Nu Maha Suci, Sampurna Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal.

Rahayu Dina Nata Manggalana (cageurna), Yudhamangglana (benerna), Hastamanggalana (bageurna), Suramanggalana (pinterna) dina Tangtungan Insun Medalna

Al Faatihah, ka kangjeng Rosul sareng para sohabatna, ka para malaikat, ka para nabi sareng rosul, ka para waliyullooh, ka laluhur Sumedang sadayana kitu oge ka muslimin wal muslimat...

Pun, ...
Cag heula..dilajengkeun engkin dina aya acara sawala Penguatan Seni dan Budaya di Kecamatan Utara, ngantosan informasi salajengna Per-desa ti Kecamatan Sumedang Utara ka Kelurahan Situ, anu ngalanjutkeun Sawala nu ngawitan anu tos digelar di desa Padasuka.

Posting Komentar

0 Komentar